Aya benang beureum antara postingan Carmen Ladin jeung postingan ngeunaan bidadari. Beunang beureumna teh nyaeta pertanyaan: "Naha ajakan supaya teu ngomongkeun masalah sorga (atawa naraka) teh kaasup dogma dina Islam?"
 
Sigana mah teu payus ngomongkeun dogma mu tacan apal naon dogma teh. Ceuk Wikipedia (macem2 definisi dogma aya di  http://www.answers.com/topic/dogma) Dogma teh kayakinan/doktrin nu geus nanjeur nu dianut ku hiji agama, ideology atawa organisasi naon wae. Dogma sifatna mutlak jeung teu bisa diganggu gugat atawa diragukeun. Tina definisi ieu boh dogma agama atawa dogma lainna (misalna dogma elmu) boga arti nu netral. malah nurutkeun kuring, prinsip2 dogmatis teh penting pisan pikeun pondasi kamajuan hiji ideologi.Permasalahanna lain aya henteuna dogma, tapi "bener " atawa "salahna" eta dogma.
 
Naha dina agama urang (Islam) aya dogma? Ceuk Kang John B. Henderson ceunah [1] : "Dogma, nu biasana dipupusti dina kayakinan atawa doktrin, di Islam teu boga posisi nu luhung siga di di Kristen. Dina Islam teu aya hiji oge otorisasi kaagamaan nu tugasna nangtukeun jeung nanjeurkeun (kataatan kana) dogma. Dibandingkeun Kristen heubeul, Islam leuwih ngarupakeun agama praktek dibandingkeun agama kayakinan, leuih ngarupakeun hukum dibandingkeun teologi, tur ngutamakeun orthopraksi lain ortodoksi, siga kagambar ku ngan aya hiji [2] diantara lima pilar Islam nu ngarujuk kana kayakinan" (The Construction of Orthodoxy and Heresy� Hal. 10).
 
Mun siga kitu, kunaon aya ayat nu (nadana) ngalarang loba tatanyam utamana dina hal-hal goib (misalna iraha datangna kiamat, QS 7:187)? Pamanggih kuring, alesan utamana mah masalah kagunaan ngabahas masalah2 goib siga kieu nu teu sabanding jeung hesena ngajawab eta2 pertanyaan. Dina bukuna, the Celestine Prophecy, Mang J (James Redfield hehehe) nyebutkeun yen salah sahiji kasangtukang mucunghulna jaman pencerahan (nu mawa urang ka jaman modern) teh ku lantaran harita (sabagean) jalma geus cape neangan jawaban pikeun pertanyaan2 ngeunaan hal goib siga: Naha enya Pangeran aya? Kamana urang sanggeus paeh?
 
Pertanyaan2 goib kieu harita geus rebuan taun dicoba dijawab ku manusa (misalna realisme-na Plato persus idealisme-na Aristoteles). Nepi ayeuna can kacaritakeun aya nu bisa ngajawab masalah2 sacara ngayakinkeun. Mungkin wae hal-hal eta bisa kajawab kahaereupna. Tapi iraha kapanggihna? Sabaraha lila urang kudu nungguan? Naha katungkulan ku urang? Padahal iraha wae urang kudu siap dipenta tanggung jawab amal jeung iman masing-masing, henteu kolektiV.
 
Saterusna, asa aneh jeung teu asup akal mun masalah2 ieu kajawab di dunya. Lamun urang geus nyaho hal-hal gaib ieu (siga kumaha kaayaan aherat, sorga/naraka, jrrd), tangtu we kabeh jelma bakal jadi jelma nu soleh. Naon nileyna iman jeung amal urang? Padahal (keur urang Islam) urang hirup teh pikeun dipeunteun mana jelma nu paling alus amalna (11:7 kitu?).
 
Jadi alesan teu dianjurkeunna tumanya hal-hal nu goib (kaasup masalah bidadari di surga) dina Islam ceuk kuring mah lain dogma atawa diaramkeun (CMIIW). Sigana mah ukur dipikahewa (meureun) ku lantaran mubazir tea. Ngan bisi disebutkeun ngalanggar HAM, mun enya panasaran pisan, usul abdi mah seug geura eksperimen nyobaan dikubur (atawa neangan relawan pikeun dikubur), susuganan bisa balik deui pikeun mere kasaksian siga kumaha alam di ditu. Tangtu asup ka jurnal ilmiah tur bisa jadi meunang hadiah Nobel. Tong hilap bejaan abdi ...
 
Wallahu �alam, muga2 urang dijauhkeun tina elmu nu teu mangfaat...
 
Baktos
Yudi
 
Katerangan:
[1] Basa aslina: "Dogma in Islam, as enshrined in creeds and doctrines, did not occupy such a central place as it did in Christianity. Nor in Islam did there exist any time-honored central ecclesiastical authority for determining and enforcing such dogmatic orthodoxy. In comparison with early Christianity, Islam was more a religion of practice than belief, of law more than theology, of orthopraxy more than orthodoxy, as illustrated by the fact that only one of the five pillars of Islam focuses on matters of belief."  Kutipannana aya di dieu: http://www.online-literature.com/forums/showthread.php?t=3958
 
[2] maksudna sahadat, hiji2na rukun Islam ngeunaan kayakinan.

..:::..
Yudi Irmawan
Research Student
Bradford University School of Management
Office: Heaton Mount HM26
Emm Lane, Bradford BD9 4JL
West Yorkshire, United Kingdom
http://www.brad.ac.uk/acad/management/external/
[EMAIL PROTECTED]


Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke