hahaha... maksadna penginten "Kompas minggu kamari" sanes "Kompas (dinten) Minggu kamari"... Kang Rahmat, nu dimaksad teh panginten Injil Judas alias The Gospel of Judas (http://www.nationalgeographic.com/lostgospel/?fs=www9.nationalgeographic.com)
Ngeunaan pertarosan Kang Rahmat ngeunaan kayakinan vs kanyataan... siganamah panjang Kang waleranna. Beda sareng elmu alam di mana nu disebat kanyataan/fakta teh jelas (batu, cai, jrrd), debat ngeunaan naon nu dimaksad "kanyataan" nu sifatna goib (realitas sosial) teu acan rengse nepi ayeuna. Padahal kayakinan ngeunaan naon "realitas" teh dasar penting hiji kayakinan (teori, ideologi jst). Contona, najan ditimukeunna injil Judas teh fakta, tapi eusi eta injil can tangtu ngarupakeun kanyataan ... Janten masalah mana nu bener mana salah dina di dieu mah masalah MILIH kayakinan. Tangtuna sabada mikirkeun hal-hal nu prinsip pisan. Contona, dina milih Pangeran nu disembah tangtuna urang meunang ngabandingleun konsep tauhid jeung konsep2 kapangeranan agama sejen. Tapi sabada milih tauhid, asana teh kacida mun tumanya siga kieu: Naha Pangeran boga kulit? Mun enya, kulitna warna kumaha? Ieu nu panginten rada dicaram teh. Lain teu meunang mikir, tapi mubajir, meakkeun waktu kana hal nu geus mah remeh terus hese kacida (atawa teu mungkin?) dijawab. Wallahu'alam baktos Yudi --- In [email protected], "Buyung" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > punten ah mang rahmat, rarasaan 8 september teh dinten Jum'at naha bisa ka poe minggu kituw ...heuheuheuheu. > > by > keur tunduh euy ngadagoan balik > > ----- Original Message ----- > From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Tuesday, October 10, 2006 3:08 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] dodogmaan > > > > kanggo bahan bandingan, asana teh kompas minggu kamari > > (8 september) aya artikel, anu netelakeun aya buku > > edisi bahasa Indonesia anu nyaritakeun perkara Injil > > Barnabas, anu beda jeung injil anu resmi diaku ku > > kalangan gereja ayeuna. Bedna teh yaeta, Judas anu > > dina injil resmi dianggap jalma hianat, ari dina injil > > Barnabas mah, Judas teh santri anu pangsatiana jeung > > pang taatna ngamalkeun ajaran Nabi Isa. > > Siga heboh "Da vinci code", sigana perkara Injil > > barnabas ieu oge bakal ngagoncangkeun iman umat > > kristiani. > > Dina eta artikel teh aya inti anu paling penting, > > nyaeta netelakeun realitas anu geus jadi hiji > > kayakinan (dogma, tea meureun) Yudas teh jalma ingkar. > > Tapi dina Injil Barnabas mah sabalikna. Pertanyaannya > > nyaeta, naha kayakinan urang teh hiji-hijna alat anu > > sahih noong realitas. Lamun aya kanyataan sejen (jiga > > injil Barnabas), mana anu bisa dipercaya? Kumaha sikep > > urang ku ayana realitas anu beda jeung anu ku urang > > geus dipercaya? > > > > baktos, > > > > mrachmatrawyani Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

