kanggo bahan bandingan, asana teh kompas minggu kamari (8 september) aya artikel, anu netelakeun aya buku edisi bahasa Indonesia anu nyaritakeun perkara Injil Barnabas, anu beda jeung injil anu resmi diaku ku kalangan gereja ayeuna. Bedna teh yaeta, Judas anu dina injil resmi dianggap jalma hianat, ari dina injil Barnabas mah, Judas teh santri anu pangsatiana jeung pang taatna ngamalkeun ajaran Nabi Isa. Siga heboh "Da vinci code", sigana perkara Injil barnabas ieu oge bakal ngagoncangkeun iman umat kristiani. Dina eta artikel teh aya inti anu paling penting, nyaeta netelakeun realitas anu geus jadi hiji kayakinan (dogma, tea meureun) Yudas teh jalma ingkar. Tapi dina Injil Barnabas mah sabalikna. Pertanyaannya nyaeta, naha kayakinan urang teh hiji-hijna alat anu sahih noong realitas. Lamun aya kanyataan sejen (jiga injil Barnabas), mana anu bisa dipercaya? Kumaha sikep urang ku ayana realitas anu beda jeung anu ku urang geus dipercaya?
baktos, mrachmatrawyani yudi [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya benang beureum antara postingan Carmen Ladin > jeung postingan ngeunaan bidadari. Beunang beureumna > teh nyaeta pertanyaan: "Naha ajakan supaya teu > ngomongkeun masalah sorga (atawa naraka) teh kaasup > dogma dina Islam?" > Sigana mah teu payus ngomongkeun dogma mu tacan > apal naon dogma teh. Ceuk Wikipedia (macem2 definisi > dogma aya di http://www.answers.com/topic/dogma) > Dogma teh kayakinan/doktrin nu geus nanjeur nu > dianut ku hiji agama, ideology atawa organisasi naon > wae. Dogma sifatna mutlak jeung teu bisa diganggu > gugat atawa diragukeun. Tina definisi ieu boh dogma > agama atawa dogma lainna (misalna dogma elmu) boga > arti nu netral. malah nurutkeun kuring, prinsip2 > dogmatis teh penting pisan pikeun pondasi kamajuan > hiji ideologi.Permasalahanna lain aya henteuna > dogma, tapi "bener " atawa "salahna" eta dogma. > > Naha dina agama urang (Islam) aya dogma? Ceuk Kang > John B. Henderson ceunah [1] : "Dogma, nu biasana > dipupusti dina kayakinan atawa doktrin, di Islam teu > boga posisi nu luhung siga di di Kristen. Dina Islam > teu aya hiji oge otorisasi kaagamaan nu tugasna > nangtukeun jeung nanjeurkeun (kataatan kana) dogma. > Dibandingkeun Kristen heubeul, Islam leuwih > ngarupakeun agama praktek dibandingkeun agama > kayakinan, leuih ngarupakeun hukum dibandingkeun > teologi, tur ngutamakeun orthopraksi lain ortodoksi, > siga kagambar ku ngan aya hiji [2] diantara lima > pilar Islam nu ngarujuk kana kayakinan" (The > Construction of Orthodoxy and Heresy� Hal. 10). > > Mun siga kitu, kunaon aya ayat nu (nadana) > ngalarang loba tatanyam utamana dina hal-hal goib > (misalna iraha datangna kiamat, QS 7:187)? Pamanggih > kuring, alesan utamana mah masalah kagunaan ngabahas > masalah2 goib siga kieu nu teu sabanding jeung > hesena ngajawab eta2 pertanyaan. Dina bukuna, the > Celestine Prophecy, Mang J (James Redfield hehehe) > nyebutkeun yen salah sahiji kasangtukang mucunghulna > jaman pencerahan (nu mawa urang ka jaman modern) teh > ku lantaran harita (sabagean) jalma geus cape > neangan jawaban pikeun pertanyaan2 ngeunaan hal goib > siga: Naha enya Pangeran aya? Kamana urang sanggeus > paeh? > > Pertanyaan2 goib kieu harita geus rebuan taun > dicoba dijawab ku manusa (misalna realisme-na Plato > persus idealisme-na Aristoteles). Nepi ayeuna can > kacaritakeun aya nu bisa ngajawab masalah2 sacara > ngayakinkeun. Mungkin wae hal-hal eta bisa kajawab > kahaereupna. Tapi iraha kapanggihna? Sabaraha lila > urang kudu nungguan? Naha katungkulan ku urang? > Padahal iraha wae urang kudu siap dipenta tanggung > jawab amal jeung iman masing-masing, henteu > kolektiV. > > Saterusna, asa aneh jeung teu asup akal mun > masalah2 ieu kajawab di dunya. Lamun urang geus > nyaho hal-hal gaib ieu (siga kumaha kaayaan aherat, > sorga/naraka, jrrd), tangtu we kabeh jelma bakal > jadi jelma nu soleh. Naon nileyna iman jeung amal > urang? Padahal (keur urang Islam) urang hirup teh > pikeun dipeunteun mana jelma nu paling alus amalna > (11:7 kitu?). > > Jadi alesan teu dianjurkeunna tumanya hal-hal nu > goib (kaasup masalah bidadari di surga) dina Islam > ceuk kuring mah lain dogma atawa diaramkeun (CMIIW). > Sigana mah ukur dipikahewa (meureun) ku lantaran > mubazir tea. Ngan bisi disebutkeun ngalanggar HAM, > mun enya panasaran pisan, usul abdi mah seug geura > eksperimen nyobaan dikubur (atawa neangan relawan > pikeun dikubur), susuganan bisa balik deui pikeun > mere kasaksian siga kumaha alam di ditu. Tangtu asup > ka jurnal ilmiah tur bisa jadi meunang hadiah Nobel. > Tong hilap bejaan abdi ... > > Wallahu �alam, muga2 urang dijauhkeun tina elmu > nu teu mangfaat... > > Baktos > Yudi > > Katerangan: > [1] Basa aslina: "Dogma in Islam, as enshrined in > creeds and doctrines, did not occupy such a central > place as it did in Christianity. Nor in Islam did > there exist any time-honored central ecclesiastical > authority for determining and enforcing such > dogmatic orthodoxy. In comparison with early > Christianity, Islam was more a religion of practice > than belief, of law more than theology, of > orthopraxy more than orthodoxy, as illustrated by > the fact that only one of the five pillars of Islam > focuses on matters of belief." Kutipannana aya di > dieu: > http://www.online-literature.com/forums/showthread.php?t=3958 > > [2] maksudna sahadat, hiji2na rukun Islam ngeunaan > kayakinan. > > ..:::.. > > > Yudi Irmawan > Research Student > Bradford University School of Management > Office: Heaton Mount HM26 > Emm Lane, Bradford BD9 4JL > West Yorkshire, United Kingdom > http://www.brad.ac.uk/acad/management/external/ > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

