Perkawis tradisi UA (urang arab) ka ka'bah leres jauh samemeh lahir nabi Muhammad SAW.
Tiasa katingali ku prak-prakanana atawa salah salima rukun hajina nu minangka napak tilas Nabi Ibrahim sareng istrina (punten nuju he love namina). Sya'i tea, apan napak tilas istrina Nabi Ibrahim (siti Hajar) nu lulumpatan kaditu kadieu milari cai pikeun o'rock Ismail (nu teras nurunkeun bangsa arab, putran hiji deui, nabi Ishak/Iskak ti Siti Sarah, nurunkeun bangsa israel). Antukna ku Pangeran dipasihan, cai ngocor tina batu. Boa nu ayeuna cai zamzam tea. Kemping di Arafah oge asana, napak tilas lalakon Siti Hajar- istrina nabi Ibrahim nu ngantosan nabi Ibrahim nu nuju angkat duka kamana he love deui. Malah jaman Ibrahim teu acan dilantik janten nabi, wewengkon Ka'bah tos janten tempat pamujaan urang dinya. Dina Qur'an gening, aya carita Ibrahim ngora ngarusak sadaya patung di dinya ku kampak, nyesakeun nu badag wungkul teras kampakna diselapkeun kana cangkeng patung badag eta, jst. Kasimpulan cap meuren, sabudeureun ka'bah ti baheula tos janten tempat pamujaan. Ti zaman nabi Ibrahim, Paganisme-agama nu nyembah patung- dirobah, nyembah pangeran Al Wahid, monotheis, hiji. Boa Hajar Aswad nu nangkod di juru ka'bah (basa urangna hajar aswad teu pira, blackstone, basa inggrisna mah, batu hideung ) oge tos aya. mj can kungsi umroh atawa naek haji, hiks. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56 Sent: Thursday, November 23, 2006 11:21 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Syiah vs Sunni : Dimimitian ku Hasyim vs Ummayah Dina sajarah Islam, aya nu disebut Bani Hayim jeung Bani Ummayah, Bani meureun istilah lain tina "klan" kulawarga. Saha atuh Bani Hasyim jeung Bani Ummayah teh? Ieu bisa disusud ti samemeh Kangjeng Nabi lahir. Di abab ka 5 Masehi, Qusay salah saurang suku Quraisy jadi kapala suku Quraisy. Suku Quraisy teh nu ngawasa Kabah. Kabah nu diadegkeun ku Nabi Ibarhim jeung Nabi Ismail, jadi tempat ngalakukeun ritual kaagamaan nu dijebut Hajj (Haji). Unggal taun suku-suku di Tanah Arab pada datang ka Ka'bah, keur ngalakukeun ritual ieu. Jadi sabenerna ritual Haji geus aya ti samemeh Islam lahir.

