Punten,
Kum kasadayana, kedah ati ati ngagempungkeun masalah ieu, margi salah-salah
bisa nimbulkeun fitnah.
Nabi Saw parantos nyaurkeun dina hadistna nu shahih, yen umat Islam bakal
berpecah jadi 73 golongan, kabeh asup ka naraka kecuali hiji. saha tah? nyaeta
golongan anu selalu berpegang teguh ka sunnahna rosulullah sareng sunnah
khulafaur rasiddin. Margi dina hadistna nu shaheh disebutkeun oge. bahwa tiga
generasi (sahabat, tabiin jeung tabiut-tabiin) geus dijamin kebenaran na.
disebutkeun dina hadist na sebagai "sebaik-baik generasi".
Kajadian berpecahna umat Islam dimimiti ti jaman khalifah. hal ieu
diakibatkeun ku ayana fitnah ti golongan Khawarij, anu memecah belah umat. tah
ieu golongan nepi ka kiwari masih aya keneh.
Cirina, nyaeta jalma nu masih ngaku Islam tapi ngarusak ti jero. carana
ngabelok keun sunnah, menebar bid'ah, menentang pamarentah, menebar teror,
ngayakeun pamadegan-pamadegan soal agama nu dijieun tina akal pikiran na.
bahkan ngayakeun/nyieun hadist-hadist palsu.
Khawarij, nepi ka kiwari leuwih bahaya tibatan "orang kafir" sabab ngarusak
aqidah umat Islam.
Ku ayana Khawarij eta, timbul ayana islam A jeung Islam B, Islam jadi
terkotak-kotak, jadi berpecah-pecah. aliran itu jeung ieu nepi ka timbulna JIL
anu nyata-nyata sesat.
Ayana Sunni jeung Syiah, hasil tina ayana golongan khawarij tea. tapi kuring
yakin tina dua golongan eta, hiji nu bener na mah.
Kanggo nalungtikna, saha nu bener-bener berpegang teguh kana alquran dan
assunah? sunnah anu shahih, nu rawi na, jalan na nu ngariwayatkeun tanpa ceda.
sunnah menurut pemahaman salafussahaleh (orang2 pendahulu=rosul, sahabat,
tabiin, tabiut tabiin).
Hiji deui, jalma anu aqidah jeung pamahaman na bener, taya syirik na dirina,
taya bid'ah na dirina, teu percaya ka sesuatu hal salian ka Allah, tah nu kitu
nu bener.
Tah pama aya riwayat nu nga jentrekeun pama sahabat pernah ngalakukeun
kagorengan, eta riwayat teh asalna ti kaum khawarij. sabab jangji Allah moal
Sulaya, "sahabat" nyaeta umat nu geus dijamin kasalametan na boh didunya boh
diaherat.
Saran ti simkuring, urang tong kapangaruhan kuayana golongan2, ti jaman Rosul
oge Islam teh ngan hiji. saha anu geus nyebutkeun "urang Islam A atawa Islam B"
geura baralik, dunya geus sariak layung, sakeudeung deui bakal maghrib, taubat.
luruskeun aqidah urang, sabab ieu nu bakal nyalametkeun urang diakherat. Sabab
solat urang, puasa urang, ibadah urang bakal taya hasilna diakherat, intina
ibadah urang bakal sia-sia. pama urang ngaku Islam, tapi hate masih keneh
muntang ka kuburan, masih percaya kana ageman barang.
wallahu alam
Baktos
Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten, di ralat:
Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 3, sanes 4
Emod
On 11/23/06, Ahmad Toha <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngiringan Bah
Willy.....
Manawi teh Syiah vs Sunni dingawitan ti Saparantosna Kanjeng Nabi Muhammad
ngantunkeun, teras parebut anu bakal janten Khalifah antawis Abu Bakar sareng
Ali, gening tebih ti anggalna.
Mun teu lepat mah Syiah, henteu nganken / panuju kana Kalifah nu 4
Abu Sofyan ieu nu deleka pisan ka Kangjeng Nabi. Hindun
istrina Abu Sofyan kungsi ngadahar jantung(?) salah saurang paman
Nabi nu palastra dina perang antara suku Quraisy jeung Islam.
Jantung HAMZAH, dibongohan ku tumbak, ku jelema hideung
Baktos,
Emod
---------------------------------
Sponsored Link
Mortgage rates as low as 4.625% - $150,000 loan for $579 a month.
Intro-*Terms