Pararunten kasadarayana, dararamang arariyeu teh, Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we... khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan. Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda hiji- hiji acan, Bari keur baluweng, teu ngahaja ngalieuk ka beh kulon ditutugan gunung KUSNET ari breh teh aya kisunda jeung para warga sanesna nuju gempungan. Bungah taya padana, asa mogok manggih gorowong, asa nanjak manggih pudunan ceuk paribasa mah, asa nonjok congcot.. bari can ngarasa oge. ieu mah babasaan... teu kenging protes. Cindekna bungah kagiri-giri, bungah armawatasuta....jrek nong!!!! bari kecrekna ditejeh. Panasaran ku galecokna, nya ku kuring disampeurkeun, bari uluk salam "assalamu alaikum" ceuk kuring dodongkoan bari asa-asa bisi disaha- saha, "punten nya nuju gempungan ieu teh? meni uplek kieu...??" Diwaler ku MJ "muhun nuju gempungan Ki, bilih bade ngiringan mangga we geura sila, ngan hapunten teu aya lalawuhna, malum gempungan di pos ronda!" "alhamdulillah, hatur nuhun diangken,puguh ge ieu teh nuju bararingung, sararedih taya batur sunda hiji-hiji acan anu wawuh di ieu nagri". "dupi ayeuna dimana ngancrek teh?" ceuk salah saurang nu calik di popojok, kang buyung sigana mah.duka si Abah kitu. "di jiran...anu rek ngarebut ambalat tea geuning.." "oohhh..." ceuk nu gempungan rampak sekar. "Ari, kawit timana atuh?" "Ti Sumedang Kang, bilih aya urang Sumedang, sakantenan nepangkeun, tapi Sumedang na ge rada nyingcet ka perbatasan Majalengka. malahan mah, pami sakalian rek ngecrik atawa ngokodok lalawak, beunteur jeung sepat oge indit teh nya ka beh majalengka pan, nyaeta walungan Cilutung." "Oohhh... ceuk nu hadir". "Malahan mah basa keur leutik basa keur jadi budak angon, unggal poe meuleuman sampeu ladang ngala teu bebeja ti belah peuntas teh..." "Da lain maling eta mah, da bongan na wae basa rek menta teh nuboga na keur euweuh dikebon. Mang nuhunkeun sampeu! Seug nyabut wae! ceuk kuring keneh..heheheh.." "Aeh... atuh kamalinaan nepangkeun teh??? ceuk MJ.." "heheheh.. punten!!"ceuk kuring bari ngabelehem.
wasalam - baraya ti kaanggangan- > > > > > > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. > > > > > ______________________________________________________________________ ______________ > Do you Yahoo!? > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. > http://new.mail.yahoo.com >

