dad, geus balik yeuh?ayeuna keur di warnet mana. masai????
  ----- Original Message ----- 
  From: dadikurniadi 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 23, 2006 2:33 PM
  Subject: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??


  Pararunten kasadarayana,
  dararamang arariyeu teh,

  Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we...
  khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan.
  Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun 
  ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda hiji-
  hiji acan, 
  Bari keur baluweng, teu ngahaja ngalieuk ka beh kulon ditutugan 
  gunung KUSNET ari breh teh aya kisunda jeung para warga sanesna nuju 
  gempungan. Bungah taya padana, asa mogok manggih gorowong, asa nanjak 
  manggih pudunan ceuk paribasa mah, asa nonjok congcot.. bari can 
  ngarasa oge. ieu mah babasaan... teu kenging protes. Cindekna bungah 
  kagiri-giri, bungah armawatasuta....jrek nong!!!! bari kecrekna 
  ditejeh.
  Panasaran ku galecokna, nya ku kuring disampeurkeun, bari uluk salam
  "assalamu alaikum" ceuk kuring dodongkoan bari asa-asa bisi disaha-
  saha, "punten nya nuju gempungan ieu teh? meni uplek kieu...??"
  Diwaler ku MJ "muhun nuju gempungan Ki, bilih bade ngiringan mangga 
  we geura sila, ngan hapunten teu aya lalawuhna, malum gempungan di 
  pos ronda!"
  "alhamdulillah, hatur nuhun diangken,puguh ge ieu teh nuju 
  bararingung, sararedih taya batur sunda hiji-hiji acan anu wawuh di 
  ieu nagri".
  "dupi ayeuna dimana ngancrek teh?" ceuk salah saurang nu calik di 
  popojok, kang buyung sigana mah.duka si Abah kitu.
  "di jiran...anu rek ngarebut ambalat tea geuning.."
  "oohhh..." ceuk nu gempungan rampak sekar.
  "Ari, kawit timana atuh?"
  "Ti Sumedang Kang, bilih aya urang Sumedang, sakantenan nepangkeun, 
  tapi Sumedang na ge rada nyingcet ka perbatasan Majalengka. malahan 
  mah, pami sakalian rek ngecrik atawa ngokodok lalawak, beunteur jeung 
  sepat oge indit teh nya ka beh majalengka pan, nyaeta walungan 
  Cilutung."
  "Oohhh... ceuk nu hadir".
  "Malahan mah basa keur leutik basa keur jadi budak angon, unggal poe 
  meuleuman sampeu ladang ngala teu bebeja ti belah peuntas teh..."
  "Da lain maling eta mah, da bongan na wae basa rek menta teh nuboga 
  na keur euweuh dikebon. Mang nuhunkeun sampeu! Seug nyabut wae! ceuk 
  kuring keneh..heheheh.."
  "Aeh... atuh kamalinaan nepangkeun teh??? ceuk MJ.."
  "heheheh.. punten!!"ceuk kuring bari ngabelehem.

  wasalam

  - baraya ti kaanggangan-

  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small 
  Business. 
  > 
  > 
  > 
  > 
  > 
  __________________________________________________________
  ______________
  > Do you Yahoo!?
  > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
  > http://new.mail.yahoo.com
  >



   

  __________ NOD32 1879 (20061123) Information __________

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Kirim email ke