hurseh... cung cung... curungan mimiti napel ka lemah nya di lemah sumedang, ngambeu bau dunya munggaran nya ti hawa sumedang.
wilujeng tepung kang dadi, kenalkeun kuring, ngaran ukur beda sahurup jeung akang, dudi, ti lahir nepi ka gede di jatinunggal, ngan ngolotkeun maneh di dayeuh pakuan, bogor. jajaka keneh najan kapaksa, sabab keukeuh nungguan nu denok laha loho... arjuna tea!! pikiraneun ... ngan geuning nu geulis anggur muringis nu montok teu wae ngarontok... boa-boa arjuna ukur pangrasa, nu ku dalang mah ditanceubkeunna ge di sisi.. eh naha jadi curhat.. seug ah kang diantos caritana keur di peuntas, mun aya nya aya naon di ditu mun euwueh nya euweuh... sugan gaduh cik siti sakontener mah lahaola wae bade nyuhunkeun peun ah bisi ngageubay teuing ku nu kopong uing tea dh On 11/23/06, dadikurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pararunten kasadarayana, dararamang arariyeu teh, Haturan ti kuring, baktos kasadayana, wilujeng tepang we... khususna ka urang Sumedang, nepangkeun simkuring ti kaanggangan. Waktos simkuring nuju cuang cieung di nagri batur, lieuk deungeun ragap taya, kamana nya ngumaha, ieu lain itu lain, taya kisunda hiji- hiji acan,
-- ::daluanggebisatinabincurang::

