Jogjog sabangsaning manuk alit (saageung manuk Piit mung buluna belang), gaduh 
kabiasaan upami bade mondok sok reang pating caricit, janten paripaos ;
  kawas jogjog mondok : ngagambarkeun sakempelan jalmi anu reang pada-pada 
nyarios.
   
  ssw

mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
          Reseplah maca "dongeng-dongeng kampung" Kang Eddy teh. Nembongkeun 
Sunda nu jero, oge jembar. Ngan, rumasa boloho. Lain bae perkara 
kasundaan atawa eusi pedarannana. Tapi, perkara kocap. Aya bae kocap 
nu teu kawadahan. Teu kaharti. Di antarana, teu pira: Jogjog mondok.

Ka para wargi sadaya, naon saleresna maksad eta paribasa teh? Jeung 
nu kumaha sato nu disebut "jogjog" teh? Oge, "tata"? (Nu nyangkrung 
na uteuk: jogjog teh sarupaning kendang atawa dogdog. Tata? Beus 
kota di Bandung, buatan India).

Khususon ka Kang Eddy: Teraskeun pedaran teh. Tong pambeng-pambeng. 
Abdi sapuk sareng MH: Tong diwiji-wiji. Alungkeun bae ka milis naon 
nu aya dina emutan teh. Insya Allah nerap sareng mangpaat. Hanas aya 
jalma boloho siga abdi, don't care teuing. Teraskeun.

Kukituna, diantos pisan terasna "dongeng" perkawis tapa teh. 
Hatur nuhun, Kang. Wiat pangbaktos ka Kang Benny sareng Abah Surya.

Baktos,
Pun Maman 


     

  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke