--- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
>    Perkawis sajarah singkatna parantos diserat ku saderek Gunawan 
Yusuf, tiasa ditoong dina web site urang-sunda.or.id. dina 
file "Sajarah Tempat", sajarah lengkepna parantos aya bukuna di Ua 
Sas, judul bukuna Sajarah Cianjur sareng Raden Aria Tanu Dalem 
Cikundul
>   Cianjur, kenging nyusun Drs. Bayu Surianingrat, dikaluarkeun ku 
Rukun Warga Cianjur di Jakarta.
>   Dicitak taun 1982, malih mah anu nyusunna linggih di Sukajadi, 
Bandung.


Mangga, Pih. Hatur nuhun. 

Nanging, aya deui nu sanesna: Perkawis lalakon nuju budak. Upami teu 
lepat, dugi ka kelas 2 SMP, Apih linggih di Sindangbarang. Tah, abdi 
hoyong terang kumaha kaayaan Sindangbarang harita -- waktos Apih 
masih keneh alit. Oge, lian ti sakola, oge ngaos panginten, naon 
deui nu sadidinten sok dipidamel ku Apih harita teh? Sigana mah 
tebih pisan tina kaayaan Sindangbarang kiwari -- boh kaayaanna, boh 
kahirupannana. (Nguping bade janten Kabupaten. Naha cios eta teh?).

Punten upami posting ieu ngaduakali balikan. Nu tadi serverna 
kekerenyedan. Bilih teu dugi.

Baktos,
Pun Maman




Kirim email ke