--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Uluhhhh...abot atuh ieu mah....da teu aya anu istimewa atuh.
>   Namung urang cobian ngawaler patarosan anu paling luhur wae 
heula nya....

Nuhun pisan, Apih. 

Ieu mah teu aya pakaitna sareng agul atanapi teu agul. Da urang mah 
teu milih karuhun. Bongan Gusti. Hehehe... Oge, perkawis payung: 
Sakaterang, eta mah "prerogatif"na urang Tasik. Hehehe... (Punten 
rada heureuy, Apih).

Nanging, sateuacan naros nu sanesna. Sakaterang Apih, saha sareng 
kumaha "Cikundul" teh? Upami abdi teu lepat, nu dimaksad "Cikundul" 
ku apih teh Dalem Aria Cikundul, salah sawios Bupati Cianjur? Kumaha 
sajarah sareng lalakonna, aya saena Apih medar dina danget ieu.

Panuhun sim kuring,

Pun Maman  

Kirim email ke