Uluhhhh...abot atuh ieu mah....da teu aya anu istimewa atuh.
Namung urang cobian ngawaler patarosan anu paling luhur wae heula nya....
Sim abdi nganggo ID : cikundul, pedah wae rumaos aya teureuh tidinya,
perkawis di sebat Apih, walloha alam naon anu janten alesanana, di sim abdi mah
kawitna mah kasasaha oge teu rumaos nga-Apih-keun, mung upami dijujut asana ti
ngawitan taun 2005, anu ngawitan ng-apih-keun teh neng Pupi W, disusul ku cep
Toni Sofyan anu saterasna ditarurutan ka wargi milis gankleboy, tug dugi ka
kiwari.
Perkawis rerehan, manawi dipercanten, pun bapa kawit ti Pasarbaru, Cianjur.
Pun buyut wasta Idrus Wiradiredja (pangsiunan camat Cikalong) apuputra 4 duka
5, pang ageungna Darul Syafe'i katelah camat Batujajar (pedah pangsiun
saparantos janten camat Batujajar, Bandung), pun aki Darul Syafe'i gaduh 4
putra, 2 istri 2 pameget, pang ageungna Abdul Cholik (pun bapa), anu waktos
taun 60 akhir mah damel di kantor pajeg Bogor, anu saterasna dialihkeun ka
kantor pajeg Cianjur (namung ulah disangki jalmi lubak libuknya sanaos anak
padamel kantor pajeg oge ...).
Eta pun uyut, Idrus Wiradiredja kalebet salah sawios anu ngamumule seni
mamaos Cianjuran, nurun ka putrana Emed Hanafian (rayina pun aki), tah pala
putra aki Emed ieu anu dugika ayeuna masih aktif dina seni mamaos Cianjuran,
salah sawiosna kapi paman (sok sanaos yuswana sahandapeun abdi) nya eta Yus
Wiradireja.
(Punten ieu mah sanes agul kapayung butut, bane we ditaroskeun.....!)
Upami pun biang rerehan ti Selakopi, Cianjur namung waktos pun Buyut
Natadisastra
dibenum janten panghulu di kawadanaan Sindangbarang (Cianjur kidul),
alhamdulillah dugi ka pala putrana sareng rundayanana seueur anu tumetep di
Sindang-barang, kalebet pun biang.
Buyut Natadisastra apuputra 6, nomer 1 & 2 Isteri, nomer 3,4,5,6 pameget
sadaya,
pun biang mah putra ka 4 ti aki nomer 3, anu katelah Afandi Natadisastra (aki
teges).
Mengkol sakedap, putra buyut Natadisastra anu nomer 2 (isteri) nikah ka urang
Majalaya, Bandung, wastana Nataatmadja katelahna waktos abdi alit "enggah Camat
Kadupandak", sapedah pangsiunan camat di Kadupandak (Cianjur), namung aya ku
teu kaleresan ieu pasangan teu dipercanten ngagaduhan turunan. Kuayana kitu ieu
aki/nini tigigir teh waktos masih anomna dugika pangsiunna, ngarorok
putra-putra saderek, diantawisna pun biang sareng sim abdi, malih mah
tingawitan sim abdi emut dialam dunya sakaterang abdi aki sareng nini teh pun
bapa sareng pun biang we.
Sim abdi dirorok ku aki Nataatmadja ti orok beureum dugi ka SMP kelas 2, SMP
kelas tilu dicandak ku pun Bapa ka Cianjur, tamat SMP neraskeun ka SMEA, namung
ku jalaran di kulawargi pun bapa nuju keuna ku bancang pakewuh , ku aki
Nataatmadja, sim abdi dititipkeun ka rayi nini (kukut) anu di Bandung,
neraskeun sakola di SMEA II Bandung anu di Watukancana (siang) anu akhirna
waktos abdi kelas 3, SMEA ieu ngalih ka Cijagra, Buahbatu, Bandung.
Nya waktos di Sindangbarang harita sim abdi sok unga-ingu kana rupi-rupi
manuk, eta manuk-manuk pamasihan atanapi kenging nukeuran ti pala putra
panyawah pun aki (kukut).
Namung ulah disangki raos dikukut ku aki, leres diogona mah. sagala kahoyong,
sok dianteur, namung edas, duka pedah pun aki (kukut) mantan guru jaman walanda
kitu..?
sateu acan janten pangreh praja, eta wae upami bolos ka sakola agama
(saparantos) sakola SR, anu namina rangket kudahan jambu batu, tos teu kaetang,
kitu deui upami bolos ka pangaosan.
Tamat SMEA sim abdi wangsul ka Sindangbarang, teu kakota Cianjur, ka pun
bapa/biang maksad ngarencangan pun nini (kukut) anu harita mah aki (kukut) tos
tilar dunya, sajabina mantuan panyawah kapercantenan pun nini (kukut), ngariksa
tanah pakaya.
Sabaraha sasih tiharita, aya wargi nawisan janten guru honor di SMEP Cidaun,
Cianjur kidul, anu kaleresan nembe dibuka.
Kumargi ngaraos kirang bekel elmu, jorojoy hoyong neraskeun sakola, kapilih
sakola anu koreh-koreh cok harita PGSLP, namung nya kitu tea, teu aya bakat
pigurueun panginten atanapi tos kitu we panginten gurat nasib, nembe ge
sabaraha sasih diajar di PGSLP, aya wargi anu damel di Deplu, nawisan janten
Lokal Staf di kantor perwakilan RI, di luar negri,
atuh harita keneh eta tawisan teh teu nyasatna disantok.
Alhamdulillah tug dugi ka ayeuna sim abdi, kuli di kantor KBRI di Seoul,
dugika ngengingkeun bojo urang Korea, katitipan anak hiji, da kaleresan mung
eta anu janten teras kumelendang di alam dunya ieu.
Sakitu panginten sajarah singkat hirup sim abdi, teu aya istimewana, teu aya
ahengna.
Aeh tadi teh naros sadereknya..??, alhamdulillah pun bapa + pun biang di
wowoy ku turunan teh aya sa-Tim-eun maen bal ditambih serep pamaen hiji.
Sakitu anu tiasa dipedarkeun, mugi-mugi ngalubarkeun kapanasaran salira,
langkung saur bahe carekna mah, hapunten anu kasuhun, kitu deui nyebat-nyebat
atanapi nyabit-nyabit
luluhur sim abdi, sanes maksad ngagulkeun payung butut, namung kumaha geuning
da kitu nyatana.
Pihatur,
ssw
pangapunten ka parawargi sadaya, ieu waleran ngagebay, taya sanes anu
dipiharep supados jentre merele.
mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
Alhamdulillah, Apih. Dina danget ieu mah sim kuring aya dina hibar
Mantenna. (Mung pun bojo nuju rada manyun: Muridna aya nu teu lulus
ujian).
Ieu mah sakantenan bae, Apih: Sanaos tos lami tepang di milis, malih
di darat ge tos sabaraha kali, nanging abdi teh asa teu acan wanoh
ka Apih teh. Ti kapungkur aya nu janten kapanasaran abdi. Ti awitan
nami (id) nu dianggo ku Apih (cikundul) dugi ka lalakonna pangersa
janten urang Korea. (Malih, "sajarah" Apih disarebat Apih ge, keur
sim kuring mah matak panasaran. Pedah, gaduh pangalaman nu rada saru
ngeunaan sebatan eta teh).
Kukituna, manawi teu kaabotan, mangga pedar lalakon Apih teh. Urang
ngawitan ti pancakaki bae. Di palih mana Cianjurna, nu janten kawit
Apih teh? Kumaha lalakon Apih nuju alit? (Dugi ka kantos tiasa
ngukut jogjog sagala). Saha tuang rama teh? Oge sabaraha saderek
Apih sadayana?
Ka wargi sanesna, nu bade ngiringan, mangga ajeungkeun patarosan ka
Apih Sidik. Mung omat: Ulah ngarobih subyek di luhur. Oge, sateuacan
ngajengkeun patarosan, aos heula posting-posting ngeunaan subyek ieu
sateuacanna. Supados teu malikan deui patarosan nu aya, sareng tiasa
nyeukeutan naon nu tos ditaroskeun.
Nyanggakeun...
Baktos,
Pun Maman
Recent Activity
12
New Members
1
New Files
Visit Your Group
SPONSORED LINKS
Culture change
Corporate culture
Cell culture
Organization culture
Tissue culture
Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Yahoo! Mail
You're invited!
Try the all-new
Yahoo! Mail Beta
Y! Messenger
Send pics quick
Share photos while
you IM friends.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda