hmmm...
resep jigana mah nya..
jadi teu panggih deui jeung urang Kusnet ni lian ?
Kang Irpan wungkul sorangan ?


-dul-

--- In [email protected], "irpan rispandi" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Karek apal kuring mah,
> singhoreng teh Gubernur BI, Burhanudin Abdullah.
> Urang Garut geuning euy.
> 
> 'ASGAR JAYA' !!!
> he..he..he...
> 
> Kieu lalakon kuring nungkulan Silaturahmi Halal bihalal Bamus 
Jabar.
> Acara ieu teh dilungguhan ku masarakat sunda ti jawa barat jeung 
banten.
> 
> Saenyana acara  halal bihalal kieu teh mangrupakeun acara rutin 
taunan, anu
> diayakeun ku masarakat sunda anu dumuk di Jakarta khususna, jeung 
kota
> satelit sabudeureunana.
> Ari anu jadi panitiana nyaeta kumpulan-kumpulan atawa paguyuban-
paguyuban
> unggal wewengkon di tatar sunda.
> Lamun taun kamari, anu  kapeto jadi panitia teh nyaeta  urang 
banten,
> ngaran paguyubanna poho deui. Tah lamun taun ieu (2006),  
panitiana teh
> urang Garut, atawa ASGAR  tea.
> 
> 'Kusnet Kuuleun' tadina postingan kuring teh rek dijudulan kitu, 
ngan teu
> jadi he..he..he... DIbandingkeun jeung acara HBH Kusnet, HBH bamus 
jabar mah
> jauh leuwih alus (ngahaja meh nyerieun hatena urang kusnet 
he..he..he..).
> (heureuy juragan he..he..he..)
> 
> Arina kitu nya pantes, da geuning anu ngahadiran jeung ngarojong 
acara eta
> teh, loba pangagung. Heueuh contona Gubernur BI pisan. Salian ti 
eta aya
> deui anu jadi kepala departemen, pejabat teras di lingkungan TNI 
jeung
> Polri, jrrd. Jadi siganamah urusan duit teh teu masalah. Matak 
ngayakeun
> acarana oge kaitung 'Wah' ceuk kuring mah. Tempat acarana di 
Bidakara hotel
> berbintang, MCna Aom Kusman, nu ngabodorna SOS juara API, 
pintonannana,
> rampak kendang, pencak silat, jeung jaipongan.  Door Prize-na TV 
21", HP,
> Kompor Gas, jsb.
> 
> Barang datang, kuring ditarima ku pager ayu, bener-bener ayu, asli 
gareulis
> uey. he..he..he..malah mah aya saurang anu dicirian ku kuring, 
atuda
> mencrang euy. Komo basa manehna seuri mah, duh........ jajantung 
asa coplok.
> Na hate kuring ngagerentes,  mun seug jadi pamajikan aing, 
dikekesek siah,
> moal di bere ampun.
> 
> Acara dimimitian rada ngaret, kuduna jam sapuluh geus prung, ari 
ieu jam
> sabelas karek dibuka. Ya biasa lah endonesia.
> 
> Mimitina mah biasa, bubuka, basmalah, ngaji Qur'an, jeung sambutan-
sambutan.
> Tah dina palebah sambutan kuring kataji ku hiji hal. Anu ku kuring 
ka catet
> teh nyaeta "MINORITY COMPLEX", anu ditepikeun ku Burhanudin 
Abdullah. Ceuk
> manehna, Urang sunda mah hanteu ngabogaan panyakit minority 
complex, atawa
> Nepotismeu tea geuningan. Jadi kajeun manehna geus ngabogaan 
kalungguhan,
> tapi dina neangan jalma anu ngabantuan pagaweannana teh, estu 
objektif,
> ningali kana kamampuhan jeung katerampilannana, hanteu ningali 
kana asal
> jeung ras atawa sukuna.
> Numatak ceuk Gubernur BI, Urang sunda mah jadi pamatri, anu 
ngajaga kautuhan
> NKRI, naon sababna, sabab hanteu nepotismeu tea.
> 
> Beres sambutan, diteruskeun ku do'a. Rengse ngadoa doa, tuluy 
hiburan.
> Hiburan teh dieusian ku rampak kendang, terus pencak silat barudak 
jeung
> jaipongan. Kusabab acara HBH ieu padeudeukeut jeung hari ibu, anu 
midang teh
> estu awewe kabeh. Anu rampak kendang, awewe. anu silat, awewe 
najan barudak
> keneh oge, anu jaipongan mah geus tangtu awewe. pintonan hiburan 
teh beuki
> diramekeun ku banyolan seger ti Aom Kusman, disela-sela acara anu 
di MC ku
> manehna, Kang Aom nepikeun carita-carita lucu, anu pasti 
diseungseurikeun ku
> para hadirin.
> 
> Hanjakal pas SOS manggung, asa cawerang bobodoran na teh. Asa 
resep keneh
> carita lucuna Aom Kusman. Tapi keun we lah teu nanaon, urang 
hargaan, da
> maranehna teh geus usaha, kitu ceuk Kang Aom teh, sanggeus SOS 
turun
> panggung.
> 
> Sanggeus pintonan beres, saterusna dahar. Kadaharanana prasmanan, 
menu-na
> sunda pisan. Ari kuring mah geus pasti ngancam sate kambing, 
he..he..he..
> Keur khusu ngadahar sate, pirajeunan kuring rurat-reret kana meja-
meja anu
> ngajajar, euleuh  itu geuning aya karesep kuring. Kulub Sampeu ! 
hanjakal
> euweuh gula beureum na. Atuh sanggeus Sate sampurna dina jero 
beuteung,
> kuring ngukud kulub sampeu tilu keureut, misro dua, kulub cau 
hiji, nginumna
> cendol bandung sagelas.
> Alhamdulillah, ngeunah euy. he..he..he..
> 
> Rengse dahar kuring ka masjid heula, laporan ka Pangeran.
> 
> Balik ti masjid, kuring ka ruang prasmanan deui, ngadon ngawadahan 
melon.
> Bari ngadahar melon, nempo ka ruang utama, acara anu lumangsung 
nyaeta Door
> Prize, anu meunang TV 21" teh urang depok, nu lian na mah teu pati
> merhatikeun.
> 
> Sanggeus seubeuh barang dahar,  kuring tuluy balik.
> 
> Kitu tah baraya, lalakon kuring di Bidakara.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> On 12/26/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    ari saya mah hoyong uninga.....ari si jay aya hanteu????pan 
asgar oge
> > ceunah heuheuheuheu
> >
> > by
> > keur siduru
> >
> >
> >
> > ----- Original Message -----
> > *From:* ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
> > *To:* [email protected]
> > *Sent:* Tuesday, December 26, 2006 10:35 AM
> > *Subject:* [Urang Sunda] Gempungan di Bidakara
> >
> >  Poe Minggu, jam 10 isuk HP kuring disada.
> > aya sms ti Kang Irpan nu ngabejakeun yen manehna geus
> > aya di Bidakara, nanyakeun ka kuring teh, rek indit moal
> > ka Bidakara.
> >
> > Di bales ku kuring teh, "Henteu Kang, keur buka lapak yeuh,
> > dongengna we diposting nya!"
> >
> > Tah, ka anu ngaluuhan acara di Bidakara dinten Minggon
> > kamari, cik diantos dongengna..
> >
> > -dul-
> >
> >
>


Kirim email ke