Sampurasun, Akang-akang, abah-abah anu kasep, katut teteh, ambu anu geulis, masih dinten minggu yeuh, wanci nu hade keur ngadongeng dina milist urang sunda ieu. Ayeuna urang nengetan kahebatan Amerika di Irak. Amerika, “menang telak” nguasaan Irak, atawa Irak serah bongkokan (menyerah tanpa syarat). Mangga titenan. Keur ngurangan musuh-musuhna di jero negri Irak, Amerika geus hasil ngagantung Sadam Husein, bari jeung leungeun penguasa Amerika bersih, sabab secara hukum international. Sadam Husein digantung ku rakyatna sorangan alatan kejahatan manehna karakyatna sorangan. Tah kualatan digantungna Sadam Husein (penganut mazhab Sunni) ku pamarentahan Irak ayeuna (penganu mazhab Syiah), atuh perang antara Syiah jeung sunni di Irak beuki maceuh, atuh korban diantara maranehna sorangan beuki loba, nya beuki ngurangan warga Irak sorangan, jadi Amerika teu perlu ngerahkeun pasukan keur numpas tentara Irak. Nepi ka iraha Sunni – Syiahperang terus ? nya nepi ka cape atawa beak jelemana, dan ari kurang pelorma, atuh pastina bakal aya nu nyuplai, pan tujuanana oge supaya ngurangan pendudukna. Oge bisa eureun mun Sunni jeung Syiah geus areling yen maranehna teh bodo katotoloyoh daek wae diadu domba. Komo ayeuna aya jaminan ti pamarentah Irak nu anyar anu dikuasai Syiah tea yen sakabeh pengacau di Irak rek ditumpas, malah pamarentah Irak sorangan geus bewara ka mancanagara tong pipilueun atawa tong tatanya masalah eksekusi Sadam Husein. Ieu nunjukeun Amerika geus bias nguasai pamarentah boneka di Irak. Bisa dibayangkeun atuh dina waktu anu sarua tentara Amerika jeung sekutu cukup lalajo we tina TV satelit dimarkasna bari udud, minum-minum jeung sajabana kagumbiraan, malah aya nu maraen kartu sagala bari gogonjakan. kacida ngeunahna tentara Amerika nya ?. Atuh pengusaha/penguasa Amerika keur menikmati hasil pampasan perang (Gonimah) nyaeta lapangan minyak seluruh Irak anu ayeuna geus dikuasai ku maranehna dibawah kontrak international nu sah jeung dibawah perlindungan PBB, paling heunteu kontrakna bisa keur lima puluh tahun kahareup. Lamun diitung-itung, atuh tangtuna pamarentah Amerika geus untung gede, sabab modal perang geus balik (Break event point terlampui), ieu diitung tina modal perang, timimiti perang teluk 1991, terus dipancing 11 september 2001 anu ngan ngorbankeun dua gedung jeung sababaraha pesawat terbang anu dipake ngabom-na, atuh panumoangan anu ratusan urang. Total pengeluaran leutik pisan lamun dibanding jeung hasil pampasan perang (gonimah) tea, sabab paling heunteu pamarentah Amerika meunang pajak ti perusahann minyak atawa perusahaan kontruksi di Amerika anu nguasai lapangan minyak jeung ngawangun deui Irak, ieu jumlahna bakal ngahasilkeun puluhan kali lipet tina biaya perang anu dikaluarkeun, komo lamun diitung jeung upah anu ditarima ti Arab Saudi jeung Kuwait waktu ngancurkeun Irak 1991 (dina perang teluk, perjanjiana sakabeh senjata anu dipake jeung gajih tentara Amerika dibebankeun ka Kuwait, Amerika pengeluarana hampir NOL). Atuh tangtuna untungna gede kaliwat saking.
Malahan antukna ayeuna Amerika geus boga beukeul tambahan keur biaya perang saterusna nyaeta keur nguasai Iran. Meureun ayeuna Amerika keur siap-siap ngagepur IRAN. Tinggal ngadagoan reaktorna IRAN jadi, serang ku F16 atawa F18, cukup 20 menit eta reaktor ancur total, komo mun RAPTOR STEALTH jadi mah, wah beres cukup ku opat sortie atuh. Kauntungan lain oge sabenernamah tina pengembangan senjata, nepi ka keluaran tahun 1995 senjata buatan Amerika, geus diuji coba dilapangan langsung di medan perang Irak, anu sukses besar, dimana ngan cukup 22 poe ngancurkeun sakabeh instalasi militer Irak anu dibangun dua puluh tahun ku Sadam Husein, tanpa perlawanan anu berarti. Ari rakyat Amerika kumaha ? Jelas meunang kauntungan gede, sabab lamun pamarentahna meunang pemasukan tina pajak minyak/perusahaan, artina Amerika beuki beunghar, artina di Amerika ekonomi bisa bergulir otomatis, industri beuki maju, komo industri perangmah, malah senjata anu dipake ngacurkeun Irak jeung Agfansitan oge rek dipensiunkeun diganti kunu anyar, tangtu wae ieuteh sarua jeung lapangan kerja terbuka lebar keur rakyat Amerika. Tah didieu kahebatan pemikir Amerika, ciri jelema unggul, ahli strategi ti Para usahawan, ekonom, jeung jagoan perang Amerika anu sapajodog keur nguasaan sumber daya alam disaluruh dunya, atuh rakyat Amerika beuki ngarasa reueus boga pamimpin hebat.. Masih rakyat Amerika, nyatana rakyat Amerika ngadukung kana kabijakan pamimpina anu hayang nguasai sumber alam disaluruh dunya kujalana kumaha wae, boh lemes boh kasar, buktina angaran perang Amerika terus naik jeung ieu diatujuan ku kongres, malah tiap presiden anyar pasti aya nagara diluar Amerika anu diintimidasi kudu nurut, teu nurut pasti digempur tuntas. Kunaon rakyat Amerika satuju kabijakan ieu ? Jelas teu perlu difikir deui, sabab satiap perang anu dimenangkeun ku Amerika sarua jeung ngahasilkeun penghasilan keur rakyat Amerika, atuh antukna rakyat Amerika beuki sejahtera. Lamun ditung-itung dinagara anu rek dkuasai euweuh pihasileun nya mending ditinggalkeun, contona di Vietnam, Amerika lain eleh perang tapi ngahaja nyingkah sabab di Vietnam euweuh nanaon, kitu oge Amerika moal nyusahkeun maneh ngirim pasukan ka Afrika nu jelas can aya irongeunana, boh minyakna, boh intana boh uraniumna jeung sajabana. Lamun ngirim kanagara miskin tujuana jelas pasti neangan sumber alam. Hebat tah para pemikir di Amerika. Ari rakyat Irak kumaha ? Ah et amah soal gampang atuh, maranehnanamah cukupan we daharna jeung pakena, tinggal ngirim we lewat PBB anu make istilah penjualan minyak untuk pangan, rakyat pasti jempe, tangtu wae rakyat dibodokeun, atuh rakyat Irak oge beuki kadieu beuki saeutik jumlahna sabab dikurangan terus tiap ku perang diantara maranehna sorangan, jadi anu kudu disuplai oge beuki saeutik, artina pengeluaran beuki leutik Kumaha cara Amerika nguasai sumber alam di Indonesia ? nyatana gampang pisan, biayana murah. Cukup diotak-atik Timor-Timur, Aceh goyang saeutik, Papua panasan, gerakeun masa didalam negri di tahun 1997 digalakeun, lengserkeun Suharto anu geus wani ngalawan kusabab ngabedokeun balnaja F16, atuh Habibie anu sok jago hayang mandiri jeung condong ka Europa dikanvaskeun, hasilna luar biasa. Tanpa pengiriman militer ka Indonesia, Faktana ayeuna sakabeh sumber alam (minyak bumi, tambang emah, nickel jeung sajabana) ditatar Nusantara geus aya dina keupeulan perusahaan usahawan Amerika nepi ka tahun 2040. Hebat, emang hebat Amerika ! Tapi kehebatan Amerika can bisa ngelehkeun Israel. Israelmah cukup saminggu ngancurkeun liga Arab dina perang Zipur, padahal Israel ngan dipimpin ku awewe haritateh. Israel cukup opat jam ngancurkeun angkatan udara Mesir, cukup sajam nyerang Libia, cukup 25 menit ngabebaskeun sandera di Uganda, komo ngancurkeun reactor Nuklir Irakmah cukup 20 menit ku dua pesawat. Irak teu bisa nanaon pisan. Tapi anu penting dipelajari, naon sababna Amerika unggul ? Sabenerna puluhan sabab, tapi salah sahiji sababna Amerika boga rebuan ahli sejarah bangsa-bangsa didunia, anu mempelajari ngenaan karakter bangsa (Past human behaviour). Tah salah sahijina keur ngancurkeun Irakteh, nya tina sejarah bangsa Irak, aya fakta yen karakter bangsa anu ngawangun Irakteh bangsana salawasna perang diantara bangsana sorangan, jeung didinya aya dua mazhab islam anu salila ieu paling gampang diadu-adu (nyaeta sunni jeung syiah). Nya atuh prak we digarap, tinggal mancing Suku Kurdi supaya daek berontak (janjian merdeka bila perlu), bere duit, atuh kaum Syiah panasan yen Sadam anu sunni teh dzolim, saterusna pancing/provokasi Sadam sina nyerang Kuwait, hasilna luar biasa Sadam kapancing, karak ge cop Sadam asup ka Kuwait, langsung Amerika ngerahkeun pasukan ka Teluk, tidinya tinggal itung-itungan anu cukup. kumaha supaya nguasai Irak bari jeung disatujuan dunya, hasilna para warga sadaya uninga ayeuna Sadam geus teu diperlukeun deui, der gantung. Mirip ka Indonesia, Suharto geus teu diperlukeun deui, lengserkeun, ganti ku anu bisa diatur, utamana anu daek mikeun kontrak pengelolaan sumber alam ka manehna. Atuh anu ribut waemah jiga Amin Rais tinggal dibungkem, malah teu dibungkem oge capeum sorangan jeung modalna keur ngomong kaditu kadieu geus ledis. Akang, Teteh, Abah, ambu. Kumaha hebat henteu Amerikateh? Kumaha ambu, bade ngomentaran moal ? Sok atuh ambu ngalih kuadran, ulah dongeng JAY wae, dongeng etamah moal ngageuing warga sunda anu katalangsara jaradi pejuang/penguasa, paling oge rumahuh sabar jeung sabar. Kang Bohay kamana ? Naha masih andekak macaan pelajaran administrasi ? Sok atuh posting deui anu rada rame. Omat kang upami rengse diajar administrasi ngalih kuadran, ulah buburuh nepi ka subuh, kuli nepi ka Janari, dicobi usaha mandiri nya kang ! Omat. Ka para warga US anu janten buruh/kuli/pagawe BUMN/Negri golongan rendah ulah e-mail e-mailan nganggo waktos jeung fasilitas kantor (korupsi namina). Ka para pajabat/usahawan mah moal nyarios da moal aya pajabat atawa wiraswastawan ulubiung milist nu kieu. Ka para pensiunan/penganggur mah saena sing sering mukaan milist ieu, margi ieu teh sae pisan keur killing time, moal karaos geura, terang-terang tos sonten we. Ngawitan senin enjing para Mahasiswa libur, atuh mahiswa anu kuulen bakal beuki tumaninah nga-alokan atawa ngawadul dina milis ieu. Sakieu heula, Insya Allah minggu payun upami abdi nganggur disambung ku dongeng anu sanes. Punten yeuh topikna rada ningkat sakeudik, maenya atuh postingna ngan urusan ngawayuh atawa heureuy wadul wungkul. Salam Ely nu geulis tea. ----- Original Message ---- From: Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Thursday, January 4, 2007 9:38:12 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi Tambihan Situs Download Video Eksekusi Saddam Husen, Sumber http://hidayatullah .com/index. php?option= com_joomlaboard&func=view&id=25869&catid=5 : http://www.arrahmah .com http://www.alrafdea n-news.net/ Dec,2006/ Shaaaheed_ IRAQ_Sdaaam. 3gp http://www.zippyvid eos.com/93022486 86475086/ shaaaheed_ iraq_sdaaam/ ----- Original Message ----- From: Aldo Desatura To: [EMAIL PROTECTED] or.id ; [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Wednesday, January 03, 2007 12:25 PM Subject: [Urang Sunda] Link Video Saddam Husein Di Eksekusi ti babaturan... pang jabrikeun ka uing euy.....nuhun ah Buat yang nggak kuat nonton - jangan nonton yaaa... Video ini berisi detik-detik saddam husein di eksekusi Klik disini dan telusuri di link lain-lain . __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

