Hatur nuhun kang..
Upami kitu mah panginten Tohaan teh mangrupi "jabatan".
ssw
MSasmita [EMAIL PROTECTED]
Hartos Tohaan upami numutkeun Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti
Sunda abad 11-18, sareng Kamus Bahasa Sunda Kuno-Indonesia nyaeta :
Tohaan : kolot, nu ngawasa, dunungan, raja, nami tempat. Dina naskah Carita
Parahyangan aya nu disebat Tohaan di Majaya, Tohaan di Sunda (Tarusbawa mertua
Sanjaya) teras aya Tohaan Sarendet ( raina Ratu Dewata).
MSasmita
----- Original Message -----
From: Siddik Wiradireja
To: [email protected]
Sent: Tuesday, January 09, 2007 4:07 PM
Subject: [Urang Sunda] Bujangga Manik--> Cik saha anu uninga
Upami ngaos puisi dihandap, urang bakal mendakan kecap "Tohaan"....,
seueur raja-raja Pajajaran sateu acan diistrenan janten Narpati di Pakuan
atanapi Galuh
aya anu janten Tohaan di Galuh, Tohaan Sunda Kalapa sareng sajabina.
Tah anu janten patarosan ; "naon hartosna Tohaan, naha sabangsa jabatan
pangawasa daerah sapertos bhopati, adipati....??.
Hatur nuhun..
ssw
MSasmita [EMAIL PROTECTED]
Bujangga Manik nyaeta resi nu sok ngalalana ti Pakuan dina abad ka 16,
sabenerna inyana ahli waris karajaan ti Karajaan Pakuan gelarna Pangeran Jaya
Pakuan.
Ngalalana sa-pulo Jawa tug nepi ka Bali.
Naskah asli kapanggih ku sudagar Inggris ti Newport nyaeta Andrew James anu
satuluyna dipasrahkeun ka Perpustakaan Bodleian di Oxford Inggris, kira-kira
dina taun 1626 atawa 1629.
Ku Dr. J.Noorduyn, panaliti ti Walanda, ngaguar eusina jeung dipublikasikeun
dina bukuna (sanggeus wafat dina taun 1994, panalungtkan Bujangga manik
diteruskeun ku A.Teeuw kalawan dibantu ku filolog Undang A Darsa) anu judulna
Three Old Sundanese Poems ( Tilu Puisi Sunda Kuna).
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda