Haturnuhun kana pedaranana kang oman, Alhamdulillah patarosan kuring oge salila ieu tos kawaler dinten ieu... padahal eta teh patarosan abdi ka diri sorangan sareng ka sepuh2 tileuleutik sabab sok aneh ninggali peta(atlas), yen GUNUNG SEPUH teh disebat GUNUNG PATUHA.. padahal urang Ciwidey mah ti kapungkur dugi ka ayeuna oge nyebat teh tetep GUNUNG SEPUH he..he...
-ts- From: "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> on 01/10/2007 08:25 AM Sent by: [email protected] Please respond to urangsunda To: [email protected] cc: cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC Fax to: Subject:Re: [Urang Sunda] Bujangga Manik--> Cik saha anu uninga Hatur nuhun Ua Sas, Nambihan sakedik, nembe tataros ka Abah Surya, sami, saur anjeunna oge "tohaan" teh hartosna : anu dipikolot, atawa "raja" (leutik). Anjeunna oge nyebatkeun, yen asal-usul ngaran Gunung Patuha (kidul Bandung) eta tina kecap "tohaan" ieu. "Patuha" asal tina "patuhaan", asal tina "patohaan", hartina anu dipikolot atawa anu leuwih kolot. Nya munasabah lamun disawang tina jihat geologi/vulkanologi, sabab, ceuk vulkaonologi, Gn. Patuha kaasup gunung tipe B, hartina, gunungapi anu geus aya 1600 taunna teu kungsi bitu, anu ngandung harti geus kolot pisan kajadianana (dina bilangan waktu geologi). Saterusna, nilik kana ayana sababaraha istilah di Sunda, lebah "gelar" atawa pangkat anu "ngawasa", saperti "tohaan", "raja", "ratu", "prabu"., sigana aya maksud atawa harti tinangtu. Eta istilah-istilah keur pamimpin teh tangtu mibanda "medan" maknana sewang-sewangan. baktos, manAR On 1/8/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hartos Tohaan upami numutkeun Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda > abad 11-18, sareng Kamus Bahasa Sunda Kuno-Indonesia nyaeta : > Tohaan : kolot, nu ngawasa, dunungan, raja, nami tempat. Dina naskah > Carita Parahyangan aya nu disebat Tohaan di Majaya, Tohaan di Sunda > (Tarusbawa mertua Sanjaya) teras aya Tohaan Sarendet ( raina Ratu Dewata). > > MSasmita

