Hatur nuhun Ua Sas,

Nambihan sakedik, nembe tataros ka Abah Surya, sami, saur anjeunna oge
"tohaan" teh hartosna : anu dipikolot, atawa "raja" (leutik). Anjeunna oge
nyebatkeun, yen asal-usul ngaran Gunung Patuha (kidul Bandung) eta tina
kecap "tohaan" ieu. "Patuha" asal tina "patuhaan", asal tina "patohaan",
hartina anu dipikolot atawa anu leuwih kolot. Nya munasabah lamun disawang
tina jihat geologi/vulkanologi, sabab, ceuk vulkaonologi, Gn. Patuha  kaasup
gunung tipe B, hartina, gunungapi anu geus aya 1600 taunna teu kungsi bitu,
anu ngandung harti geus kolot pisan kajadianana (dina bilangan waktu
geologi).

Saterusna, nilik kana ayana sababaraha istilah di Sunda, lebah "gelar" atawa
pangkat anu "ngawasa", saperti "tohaan", "raja", "ratu", "prabu"., sigana
aya maksud atawa harti tinangtu. Eta istilah-istilah keur pamimpin teh
tangtu mibanda "medan" maknana sewang-sewangan.

baktos,
manAR


On 1/8/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Hartos Tohaan upami numutkeun Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda
abad 11-18, sareng Kamus Bahasa Sunda Kuno-Indonesia nyaeta :
Tohaan : kolot, nu ngawasa, dunungan, raja, nami tempat. Dina naskah
Carita Parahyangan aya nu disebat Tohaan di Majaya, Tohaan di Sunda
(Tarusbawa mertua Sanjaya) teras aya Tohaan Sarendet ( raina Ratu Dewata).

MSasmita

----- Original Message -----
*From:* Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Tuesday, January 09, 2007 4:07 PM
*Subject:* [Urang Sunda] Bujangga Manik--> Cik saha anu uninga


Upami ngaos puisi dihandap, urang bakal mendakan kecap "Tohaan"....,
seueur raja-raja Pajajaran sateu acan diistrenan janten Narpati di Pakuan
atanapi Galuh
aya anu janten Tohaan di Galuh, Tohaan Sunda Kalapa sareng sajabina.
Tah anu janten patarosan ; "naon hartosna Tohaan, naha sabangsa jabatan
pangawasa daerah sapertos bhopati, adipati....??.
Hatur nuhun..

ssw


*MSasmita [EMAIL PROTECTED]

 Bujangga Manik nyaeta resi nu sok ngalalana ti Pakuan dina abad ka 16,
sabenerna inyana ahli waris karajaan ti Karajaan Pakuan gelarna Pangeran
Jaya Pakuan.
Ngalalana sa-pulo Jawa tug nepi ka Bali.
Naskah asli kapanggih ku sudagar Inggris ti Newport nyaeta Andrew James
anu satuluyna dipasrahkeun ka Perpustakaan Bodleian di Oxford Inggris,
kira-kira dina taun 1626 atawa 1629.
Ku Dr. J.Noorduyn, panaliti ti Walanda, ngaguar eusina jeung
dipublikasikeun dina bukuna (sanggeus wafat dina taun 1994, panalungtkan
Bujangga manik diteruskeun ku A.Teeuw kalawan dibantu ku filolog Undang A
Darsa) anu judulna Three Old Sundanese Poems ( Tilu Puisi Sunda Kuna).




Kirim email ke