Hapunten ka sadaya  anggota KUSnet..

Abdi bade Nepangken diri abdi

 

Nami abdi              : Marwan Faizal A. Bachtiar

Linggih di               : Karawang

No. Telpon             : (0267) 400119

No. HP                   : 08121077388

E-mail                    : [EMAIL PROTECTED] 

 

Nah dina jalaran abdi masih bingung ka diri abdi nyalira, kersana
bingung nya tangtos abdi oge asa teu percanten kana kajantenan anu
saminggu kalangung, kajantenanana kieu saderek-saderek:

 

Dina dinten Rebo kirang langkung dina wanci sareupna maghrib, pun biang
kadongkapan hiji pameget anjeuna nyarioskeun yen tas mulih ti Cirebon
dina kaayan hujan, nanging anjeuna heunteu kahujanan atanapi baseuh
sakedik-kedik acan.....

Nah pun Ibu kan ngabuka Warung Nasi, ku pun Ibu anjeuna dipasihan
sagelas Cai tehmanis panas, teras anjeuna nyarios: Abdi tos mulih ti
kasepuhan Cirebon, saur Ibu abdi: "..bade ka mana pak ...." , nya
dijawab ku anjeuna :"abdi bade wangsul ka Kuta Gandok (rengas dengklok)
kota Karawang", waler anjeuna: "Abdi the anu ngageugeuh ti Kuta Kelambu
(Kec. Ciampel, Desa Kutanegara, ayeuna dimekarken janten Desa Setya
Mulya") Nah teras anjena ngangken diri anjeuna:  "nami abdi Maulana
Yusuf bu.. anu sering dihadiahan/di bacakeun Al-fatihah ku sarerea" saur
anjeuna deui: "geuning warungna sepi bu...", saur Ibu: "emang nuju sepi
pa..", "...hoyong warung Ibu janten Rame deui, kersa abdi nyuhunkeun
beas 9 siki", "mangga" saur ibu, teras ibu nyandak Beas 9 siki
disanggakeun ka anjeuna ku anjeuna di doaan salajengna miwarang ka ibu
supados eta beas the di gayem salajengna di tuang ku pun  ibu. Pun Ibu
nyuhunken alamat anjeuna, ku anjeuna diserat dina kertas, jentre pisan
alamatna tea di Kampung Kuta Gandok RT 02/RW 01 Desa Kutagandok
kecamatan Kutawaluya, sareng anjeuna nyarios gaduh pesantren Nurul Falah
di Kuta Gandok, malihan Pasantren di Johar oge anjeuna janten penasehat
di dipesantren Nurul Falah Johar. Teras anjeuna meser rokok 2 Waler
anjeuna " rokokna mah meser bu, sakantenan abdi bade mios bae" saur ibu
abdi: "kan masih hujan pak..." teras anjeuna ngawaler: " sanaos hujan
oge abdi mah moal kahujanan bu..." saur ajneuna bari ngadigdig mapah ka
arah Johar Karawang..." Pun Ibu merhatikeun cara mapah anjeuna, teu
sakiceupan mata anjeuna tos aya kirang langkung 200 meter mapahna siga
anu disered nanging teu ngalayang, sapertos anu maen Ski Es.

 

Nah sarantos kajantenan eta, Pa Maulana Yusuf the dongkap deui dina
wengi sabtu malem minggu, nganggo BMW warna Bereum ati (Merah Maroon)
platna B-999-XX nyandak dawegan (Kalapa ngora), pas nyampak di teras aya
pun lanceuk maturan ngobrol panjang lebar, saur pa Yusuf, eta cai
dawegan tea kedah dipandikeun, pun lanceuk geuwat ngebel ka Abdi,
dipiwarang dongkap ka bumi Ibu, nya teras abdi gura-giru angkat ka bumi
pun Ibu, abdi oge barang mimiti mah asa teu percanten, apa enya jaman
kieu aya Syekh Maulana Yusuf tiasa mancala putra-mancala putrid dugi
tiasa nyandak BMW. Dina cariosan ka pun lanceuk anjeuna bade
ngalebetkeun damel di P.T. Master Steel Pulo Gadung, sareng Serat-serat
bumi, sertifikat BPKB anjeuna dititipkeun di Deposit Box Bank Jabar
Cabang karawang,

Nah pas dina wengi Senen Malem salasa, anjeuna dongkap deui ka rorompok
pun Ibu bari nyandak cai anu ti panyepenan anjeuna di Kuta Gandok,
samalih bari ngubaran Pembantu anu ngabantosan di warung, saur pembantu
dina keur ngubaran, anjeuna tiasa malih rupa janten Aki-aki anu
janggotna panjang, Teras anjeuna nyarios upami enjing tabuh sapuluh
anjeuna bade ngajemput abdi sareng pun lanceuk damel di Master Steel
sareng anjeuna nyarios BMW na tea sering di servis di servis Astra caket
Ancol.

 

Dugi ka ayeuna anjeuna teu dongkap-dongkap deui, abdi maluruh ka kuta
Gandok ka pa lurahna teu aya anu namina Bp. Maulana Yusuf, gaduh
pasantren di kuta gandok, sami ka kuta kulambu oge abdi mendakan
kuncenna sareng pejabat lurahna, teu aya anu namina Maulana Yusuf jadi
warga di kampong eta.

 

Nah abdi ngontak oge ka Bengkel BMW astra, teu aya Mobil eta atas nama
Bp. Yusuf Maulana di servis di dinya, di deposit oge teu aya,

 

Bilih aya saderek anu ngenal atanapi pernah pendak sareng anjeuna,
kumaha carana supaya tiasa pendak sareng anjeuna, abdi bingung, bisi
anjeuna Aulia atanapi Syekh Maulana Yusuf anu ti banten tea.

 

Ngan abdi can maluruh ka Banten lama ka makam Anjeuna....

Bilih aya anu bade ngabantosan adi tiasa nge bell atanapi bales E-mail
ieu,

 

Hatur nuhun ka sadayana permios

 

Baktos,

 

 

Marwan Faizal A. Bachtiar

 

 

 

 

  

 

Kirim email ke