Nuhun babagi elmu/pangalamanana, Kang Ono. Memang bener, tehnologi panyaringan model kieu mah geus teu aneh, tapi nya kitu tea, sok kapopohokeun. Padahal, nu perlu tehnologi model kieu teh loba pisan, kaasup di Bandung misalna, nu di sababaraha wewengkon mah kualitas citaneuhna awon pisan. Skema anu dilampirkeun sigana tos lengkep pikeun nu hoyong ngawangun saringan ku nyalira (atanapi ku duaan, tiluan, atawa opatan. heuheu...). Diropea sakedik artikelna, tiasa dimuat di Cupumanik geura... heuheu...
On 1/16/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka active surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi bersih tur teu bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 botol 150 mL, rek diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. Tina 5 botol sample eta, ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah (opat botol deui) ngabogaan TDS kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 ppm.

