Geus lila kuring teu ulubiung deui ngawangkong di ieu milis. Puguh pakepuk bae ku paculeun... Ayeuna alhamdulillah rada nyalse, ngan bingung rek nulis naon ka milis teh. Atuda macaan postingan ti baraya kusnet, meuni sakitu numpukna, teu karampa inti pasoalannana, nu antukna jadi hoream heuheuheu...
Ieu mah rek nyaritakeun pangalaman kuring bae ah. Pangalaman kuring sababaraha waktu ka tukang. Nalika kuring nyieun hiji konsep penerapan teknologi tradisional pikeun nyumponan cai pikeun nginum nu bersih tur sehat. Sakumaha ku kuring pernah dicaritakeun di ieu milis yen cai di sasaungan kuring teh kurang bersih, bau beusi jeung leutak, jeung sajabana...Mun diukur TDS-na jigana bakal nepika 1000 ppm mah. Meureun... Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka active surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi bersih tur teu bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 botol 150 mL, rek diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. Tina 5 botol sample eta, ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah (opat botol deui) ngabogaan TDS kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 ppm. Ku kuring dibandingkeun jeung sample cai ledeng ti PDAM Subang, nu singhoreng sanggeus diukur di lab TDS-na 350-400 ppm. Malah cenah, ceuk si analis lab, TDS cai ti PDAM Subang mah kungsi nepika 500 ppm. Salian ti eta, ku kuring dibandingkeun oge jeung kualitas "air minum kemasan" kayaning merk 2 Tang jeung Aqua. Air minum kemasan ti 2 Tang mah hade, TDS na ngan 70-100 ppm. Ngan nu ti Aqua nu rada goreng mah, TDS na ampir sarua jeung cai nu dihasilkeun ku saringan tradisional jieunan kuring, nyaeta nepika 200 ppm. Nurutkeun WHO, batasan maksimum TDS air minum nu bersih nyaeta 1000 ppm. Sabenerna mah saringan keusik teh geus teu bireuk deui. Kuring oge apal ngeunaan ieu teknologi tradisional teh ti baheula. Jaman kiwari sabenerna geus rea teknologi nu leuwih canggih pikeun ngabersihkeun cai. Ngan rega (harga) na lumayan awis. Rarasaan mah leuwih ti 6 juta. Di bandingkeun jeung kuring, nu ngan ngamodal kurang ti 1.5 juta, eta teh geus kaasup beaya tukang nu mang masangkeunna. Paling oge nu dibutuhkeun teh, toren 2 siki, keran, paralon 1/2 jeung 3/4 inchi, keusik, koral, injuk jeung areng batok kalapa. Tah, ku kuring ditangkodkeun sketsa gambar sistem saringan keusik nu aya di sasaungan kuring di Cinangsih Subang. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Punten teu disundakeun. Baktos, OTA
SISTEM SARINGAN PASIR.pdf
Description: Binary data

