Ari areng  batok kalapana disimpen palih mana ? diluhureun keusik atanapi
dihijikeun sareng injuk.?

 

  _____  

From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 16 Januari 2007 16:15
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Kuring

 


Geus lila kuring teu ulubiung deui ngawangkong di ieu milis. Puguh pakepuk
bae ku paculeun... 
Ayeuna alhamdulillah rada nyalse, ngan bingung rek nulis naon ka milis teh.
Atuda macaan postingan ti baraya kusnet, meuni sakitu numpukna, teu karampa
inti pasoalannana, nu antukna jadi hoream heuheuheu... 

Ieu mah rek nyaritakeun pangalaman kuring bae ah. Pangalaman kuring
sababaraha waktu ka tukang. Nalika kuring nyieun hiji konsep penerapan
teknologi tradisional pikeun nyumponan cai pikeun nginum nu bersih tur
sehat. Sakumaha ku kuring pernah dicaritakeun di ieu milis yen cai di
sasaungan kuring teh kurang bersih, bau beusi jeung leutak, jeung
sajabana...Mun diukur TDS-na jigana bakal nepika 1000 ppm mah. Meureun... 

Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina
keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka active
surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi bersih tur teu
bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 botol 150 mL, rek
diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. Tina 5 botol sample
eta, ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah (opat botol deui)
ngabogaan TDS kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 ppm. 

Ku kuring dibandingkeun jeung sample cai ledeng ti PDAM Subang, nu
singhoreng sanggeus diukur di lab TDS-na 350-400 ppm. Malah cenah, ceuk si
analis lab, TDS cai ti PDAM Subang mah kungsi nepika 500 ppm. 

Salian ti eta, ku kuring dibandingkeun oge jeung kualitas "air minum
kemasan" kayaning merk 2 Tang jeung Aqua. Air minum kemasan ti 2 Tang mah
hade, TDS na ngan 70-100 ppm. Ngan nu ti Aqua nu rada goreng mah, TDS na
ampir sarua jeung cai nu dihasilkeun ku saringan tradisional jieunan kuring,
nyaeta nepika 200 ppm. 

Nurutkeun WHO, batasan maksimum TDS air minum nu bersih nyaeta 1000 ppm. 

Sabenerna mah saringan keusik teh geus teu bireuk deui. Kuring oge apal
ngeunaan ieu teknologi tradisional teh ti baheula. Jaman kiwari sabenerna
geus rea teknologi nu leuwih canggih pikeun ngabersihkeun cai. Ngan rega
(harga) na lumayan awis. Rarasaan mah leuwih ti 6 juta. Di bandingkeun jeung
kuring, nu ngan ngamodal kurang ti 1.5 juta, eta teh geus kaasup beaya
tukang nu mang masangkeunna. Paling oge nu dibutuhkeun teh, toren 2 siki,
keran, paralon 1/2 jeung 3/4 inchi, keusik, koral, injuk jeung areng batok
kalapa. Tah, ku kuring ditangkodkeun sketsa gambar sistem saringan keusik nu
aya di sasaungan kuring di Cinangsih Subang. Mudah-mudahan aya mangpaatna.
Punten teu disundakeun. 



Baktos, 
OTA 


   

 

Kirim email ke