Areng kalapana teh disimpen di luhureun anglo. Teras sundut , geberan dugi ka 
ruhay.
  Parantos ruhay , tiiran  potongan daging domba . Tong arageung teuing motong 
dagingna teh......, teras na mah ... tangtos bakal terang nyalira... Heu.heu.heu
   
  Hilap panginten kang Ono na. Rarusuh  nyambut padamelan.
   
  Salam
   
  
Taufik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Ari areng  batok kalapana disimpen palih mana ? diluhureun keusik 
atanapi dihijikeun sareng injuk…?
  
      
---------------------------------
  
  From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 16 Januari 2007 16:15
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Pangalaman Kuring

  
        
Geus lila kuring teu ulubiung deui ngawangkong di ieu milis. Puguh pakepuk bae 
ku paculeun... 
Ayeuna alhamdulillah rada nyalse, ngan bingung rek nulis naon ka milis teh. 
Atuda macaan postingan ti baraya kusnet, meuni sakitu numpukna, teu karampa 
inti pasoalannana, nu antukna jadi hoream heuheuheu... 

Ieu mah rek nyaritakeun pangalaman kuring bae ah. Pangalaman kuring sababaraha 
waktu ka tukang. Nalika kuring nyieun hiji konsep penerapan teknologi 
tradisional pikeun nyumponan cai pikeun nginum nu bersih tur sehat. Sakumaha ku 
kuring pernah dicaritakeun di ieu milis yen cai di sasaungan kuring teh kurang 
bersih, bau beusi jeung leutak, jeung sajabana...Mun diukur TDS-na jigana bakal 
nepika 1000 ppm mah. Meureun... 

Ku kuring ditarekahan kalayan ngagunakeun saringan tradisional nu eusina 
keusik, koral katut injuk. Ditambahan ku areng batok kalapa minangka active 
surfactant agent-na. Alhamdulillah hasilna alus. Cai teh jadi bersih tur teu 
bau deui. Dua minggu kaliwat, ku kuring diala sample-na 5 botol 150 mL, rek 
diukur ka lab. Heuheuheu...hasilna matak nyugemakeun. Tina 5 botol sample eta, 
ngan hiji nu ngabogaan TDS 200 ppm. Sesana mah (opat botol deui) ngabogaan TDS 
kurang ti 200 ppm. Rata-ratana mah 170 ppm. 

Ku kuring dibandingkeun jeung sample cai ledeng ti PDAM Subang, nu singhoreng 
sanggeus diukur di lab TDS-na 350-400 ppm. Malah cenah, ceuk si analis lab, TDS 
cai ti PDAM Subang mah kungsi nepika 500 ppm. 

Salian ti eta, ku kuring dibandingkeun oge jeung kualitas "air minum kemasan" 
kayaning merk 2 Tang jeung Aqua. Air minum kemasan ti 2 Tang mah hade, TDS na 
ngan 70-100 ppm. Ngan nu ti Aqua nu rada goreng mah, TDS na ampir sarua jeung 
cai nu dihasilkeun ku saringan tradisional jieunan kuring, nyaeta nepika 200 
ppm. 

Nurutkeun WHO, batasan maksimum TDS air minum nu bersih nyaeta 1000 ppm. 

Sabenerna mah saringan keusik teh geus teu bireuk deui. Kuring oge apal 
ngeunaan ieu teknologi tradisional teh ti baheula. Jaman kiwari sabenerna geus 
rea teknologi nu leuwih canggih pikeun ngabersihkeun cai. Ngan rega (harga) na 
lumayan awis. Rarasaan mah leuwih ti 6 juta. Di bandingkeun jeung kuring, nu 
ngan ngamodal kurang ti 1.5 juta, eta teh geus kaasup beaya tukang nu mang 
masangkeunna. Paling oge nu dibutuhkeun teh, toren 2 siki, keran, paralon 1/2 
jeung 3/4 inchi, keusik, koral, injuk jeung areng batok kalapa. Tah, ku kuring 
ditangkodkeun sketsa gambar sistem saringan keusik nu aya di sasaungan kuring 
di Cinangsih Subang. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Punten teu disundakeun. 



Baktos, 
OTA 


   




  

         

 
---------------------------------
Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.

Kirim email ke