Leres pisan nu didugikeun ku Bah Willy. Raden, Aria, Adipati jeung Pangeran memang gelar pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem. Gelar pangpunjulna nyaeta Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati panghandapna. Aria jeung Adipati aya ditengah-tengahna. Gelar-gelar ieu diistrenkeun ku Walanda (pamarentah kolonial mangsa harita) gumantung kana prestasi sang Bupati sewang-sewang. Prestasi di dieu tangtu wae sagala rupa nu ngajadikeun kauntungan pikeun Walanda. Kecap Aria (Arya) teu tiasa disebut kecap pituin sunda, jigana mah kecap ieu impor ti wetan (jawa), tos aya ti samemeh karajaan Mataram Islam, contona aya tokoh nu ngaranna Aryo Penangsang. Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan Keraton Solo, mung kecap aryo tos robih jadi Haryo. Bangsawan Solo seueur nu kagungan gelar KGPH kacindekan ti Kanjeng Gusti Pangeran Haryo Baktos, pun hendra
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Keur jaman kolonial, Aria Adipati = Pangkat keur Bupati, contona Raden Aria Adipati Martangara, salah saurang Bupati Bandung di jaman walanda, nu ayeuna jadi aran jalan di Kota Bandung. Gelar Aria, Adipati atawa Pangeran teu tiasa kitu wae dianggo, kedah gaduh heula bisluit (SK) ti raja/ratu Walanda, margi aya hubunganana jeung kapangkatan. Ilaharna urang sunda jaman baheula ( ti kalangan menak), sok ngaganti aran upama jadi pejabat ku aran nu nunjukkeun kapriyayianana (Kusumah, Atmaja, dinata jrrd) . Bupati Sumedang, Pangeran Aria Adipati Suriaatmaja, nuju budakna aranna, Aom Sadeli. Kitu deui Pangeran Kornel, nuju budakna aranna Aom Jamu, tapi saatosna anjeunna jadi Bupati Sumedang, namina janten Pangeran Kusumah Dinata. Jaman ayeuna? ......mangga bade ngagentos aran mah, teu kedah ngantosan bisluit ....hehehehe Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Reksa Gantra To: [email protected] Sent: Friday, January 26, 2007 10:11 AM Subject: Adipati (Re: [Urang Sunda] Ganti nami lahir/nami "Arya") Ceuk cenah, kocap (istilah) adipati diangge di Tatar Sunda mangsa Mataram Islam "ngajajah" Tatar Sunda. Ieu istilah awitan diterapkeun di Galuh, Ciamis kiwari, ka Adipati Panaekan. Sateuacanna, sebatan ka penguasa Galuh ngangge istilah Kanjeng Prebu. MGT --------------------------------- Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta.

