Haturan kang Mj, damang...?
   
  Kataji pisan eta aya acara nginternetkeun guru b sunda SMA.. Kumaha kang MJ, 
eta guru-guru teh antusias..? sabaraha jalmi anu lalatihan teh....? mayar teu..?
  Teteh mah didieu puguh keur lieur, jeung pusing neangan jurus supaya guru2 
daek kursus komputer. Boro-boro nginternetkeun bisa wae heula kana komputer, 
mani sesah euweuh kahayang guru-guru teh, padahal diruang guru teh tos 
disayogikeun sababaraha hiji komputer lengkap fasilitas internet 24 jam, naha 
anggeur wae tara aya anu nyabak.....batur mah, hayang internetan teh kudu ka 
warnet mayar deui, ieu mah kursus jeng internetan teh haratis......tapi suwung, 
guru komputer kalah manyun teu aya murid. 
   
  Kitu kang MJ........lain agul si teteh, eta  sakola aya internet teh menang 
hese beleke, tapi program si teteh can jalan.....kudu kumahanya...? sugan kitu 
bere wae hadiah bermalam di hotel berbintang, syaratna kudu daek kursus...!
   
  Matakna, pendidikan di Indonesia teu maju2 da guru-gurunna embung 
maju.........punten kang..! si teteh curhat.....he he
   
  ipeut
  (nuju ngahuleng jentul)

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
minggu kamari kenging sms ti kang Oman Manar. aya acara cenah, basa sunda
di internet atawa ngenalkeun internet pikeun guru2 basa Sunda SMA
sabandung. nu gaduh pokalna, kang Taufik Faturrochman, juragan pamedal
buku Geger Sunten. dinte kemis sonten ngumpul di kantor Geger Sunten,
setiabudi, payuneun jalan gerlong girang (jalan ka DT Aa Gym). si kuring
sareng ua sas oge kang Oman Manar, badanten kumaha jujutan acarana. bari
milarian tempat nu aya komputeran bari online.

acara di kampus unpas setiabudi (husus fak. teknik), ngaran gedongna R.
Otto Iskandardinata.

nya poe saptu teh prung we ka ditu, bareng kang Soni Jeknyeh oge kang Iim.
tempatna di lantey genep gd. R. Otto, di labkom atawa di r. internet. dua
jam kirang.

nya ari uesi trening kilatna mah, kumaha muka internet, tempat milari,
siga google, muka web, muka wikipedia basa sunda kang Kumi, milis, e-mail,
jsb. aya oge nu naros, aya heureuy sunda? pilari we di google. sihoreng
aya jeung seueur. puguh we pogots.

pasosore mulang, nyimpang heula ka parijs van java. hayang apal kumaha
pusat balanja anyar teh.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links





 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke