ibu bapa guru basa Sunda SMA Bdg mah katingalina teh antusias pisan. malah
ibu bapa guru nu ngahimpun di Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa
Sunda eta hoyong platihan teh langsung cenah. hadena we di unpas aya ruang
internet. padahal tos sasadian bilih panitia teu tiasa milari tempat, tos
ngabantun laptop sareng flexy ua sas, ke disambung kana telkomnet instant.

ongkoh da langsung kana kaperyogian MGMP eta, janten museur ka milari basa
sunda di internet tea.

mung duka kapayuna.

mj

http://geocities.com/mangjamal


> Haturan kang Mj, damang...?
>
>   Kataji pisan eta aya acara nginternetkeun guru b sunda SMA.. Kumaha kang
> MJ, eta guru-guru teh antusias..? sabaraha jalmi anu lalatihan teh....?
> mayar teu..?
>   Teteh mah didieu puguh keur lieur, jeung pusing neangan jurus supaya
> guru2 daek kursus komputer. Boro-boro nginternetkeun bisa wae heula kana
> komputer, mani sesah euweuh kahayang guru-guru teh, padahal diruang guru
> teh tos disayogikeun sababaraha hiji komputer lengkap fasilitas internet
> 24 jam, naha anggeur wae tara aya anu nyabak.....batur mah, hayang
> internetan teh kudu ka warnet mayar deui, ieu mah kursus jeng internetan
> teh haratis......tapi suwung, guru komputer kalah manyun teu aya murid.
>

Kirim email ke