Mang jamal, ari kanggo abdi mah teu janten hemeng atanapi bingung, margi ari hakekat hirup, hakekat katuhanan sinareng hakekat kamanusaan mah sifatna universal, janten bangsa naon bae upami neuleuman perkara ieu kalayan tekun tangtos bakal kapendak hakekat nu sami. Perkara ngadugikeun atanapi nerangkeun hasil pamanggihna jeung nyimbulkeunana, wajar pami diluyukeun sareng kondisi jaman, lingkungan, basa jeung budaya satempatna sewang-sewangan. janten nu beda mah ngan cara nerangkeunana da hakekatna mah sami bae, contona dina nerangkeun perkara diri manusa, tangtu moal leupas hubunganana sareng unsur cai, seuneu, angin/hawa, bumi/taneuh. Soal bentuk caritana tangtu beda-beda, tapi intina mah sami bae. Tah kumargi kitu wajar upama luluhur urang oge baheula tos tiasa ngaguar hakekat hirup jeung kahirupan nu ngamuara kana pamendak hakekat Katuhanan jeung Kamanusaan. Simkuring yakin pisan luluhur sunda geus ngabogaan agama (kayakinan kana patokan Nu Kawasa kalayan nganyahokeun kumaha cara kumawula Ka Nu Kawasa), tapi lain animisme/dinamisme, sabab eta mah cap nu disosialisasikeun ku bangsa Penjajah.
pun sampun, Engkus --- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sanes ieu mah mung nyoba ngahubungkeun-hubungkeun > angka. > Angka 7 cek mitologi yunani kitu, cenah angka > pangeran. > Dina dongeng snow white kitu, dwarf atawa kurcaci > jumlahna tujuh oge. > > Leupas ti aya hubungan atawa henteu, angka tujuh > sigana boga harti > universal, maksudna nya 'angka pangeran' atau 'angka > suci'. > Patarosanana, tangtu naha? > > ------------ > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > tujuhan. > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > ngancik dina diri manusa, nyaeta : > > > > ____________________________________________________________________________________ Have a burning question? Go to www.Answers.yahoo.com and get answers from real people who know.

