sampurasun ka sadayana Punten kang Engkus, sanes simkuring bade ngalepat keun salira, hapunten anu kasuhun. Jusrtu, sim kuring ngarasa bagja pisan, tiasa nambihan pamahaman di kang negkus. Upami teu ka abotan mah, sim kuring oge hoyong terang, dimana oge kamana sim kuring tiasa medar elmu karuhun urang?
hatur nuhun ----- Original Message ---- From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, February 21, 2007 9:37:22 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang Rampes Kang Teten, simkuring teu terang kalebet elmu naon, da teu kungsi diajar soal tarekat, hakekat jsb, mung pamahaman simkuring soal hakekat hirup nu nuju diteuleuman teh dumasar kana ajaran kasundaan nu diguar ku Mama Mei Kartawinata. Kitu sun, mung rumaos pamahaman sim kuring dina ajaran teh teu acan seueur nu kasungsi, masih keneh kulit-kulitna, tah ku kituna nyuhunkeun dihapunten upami masih seueur keneh kalemahan. pun sampun, hatur nuhun. Engkus, --- Teten Kustendi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Sampurasun ka sadaya, > > Punten pisan sim kuring seja ngiring jabung > tumalapung, mugia jadi duduluran > Sanes, ari sim kuring mah sok resep ari ngadangu > carita atanapi sajarah tatar sunda teh. > komo deui lamun isi eta dongeng teh, mangrupikeun > ajaran kangge diri urang. > > Tapi, sim kuring bade nyuhunkeun di hapunten, bilih > lepat nyagka, dupi Kang Engkus teh ngaguar ieu > carita teh, berdasarkan elmu Tarekat kitu? > > Soalna, dina cara ngabahas na meni jero kitu > (mendalam), > > Sakieu heula nya > > Hatur nuhun > > - Teten- > > ----- Original Message ---- > From: engkus ruswana <engkusruswana@ yahoo.com> > To: [EMAIL PROTECTED] ups.com > Cc: Kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com> > Sent: Tuesday, February 20, 2007 3:45:01 PM > Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, > sareng Sangkuriang > > Sampurasun ka sadaya kidulur sunda, > > Simkuring seja ngawaler ieu patarosan mugia bae aya > gunana kanggo sadayana, supados oge aya kajelasan > dina > perkara ieu. > Dina legenda/sasakala Sunda sakaterang simkuring > umumna ngandung siloka nu ngandung palsapah nu > sakedahna diguar ku urang, kamana pamaksudanana. > > Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng > Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa > lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna > tujuhan. > > Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh, > maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu > ngancik dina diri manusa, nyaeta : pangawasa, > pangersa/kadaek, hirup, pangrungu/denge, awas, > pangandika/ucap, pangangseu/ambeu, nu jadi guru jati > manusa pikeun nganyahokeun, ngarasakeun, nyaksikeun > kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenah lain beja > estuning dirasakeun ku sorangan sakuringna-sakuring > na, > oge mangrupa alat utama pikeun ngalalakon kahirupan > di > dunya jeung ngudag kahayang/cita- cita sarta > ningkateun > harkat jeung martabat dirina. Disebut lelembut sabab > teu katingali, cobi bae nu kumaha wujudna ari > pangawasa (daya)? nu kumaha ari wujud hirup?, nu > kumaha ari wujud awas?, jadi sifatna lelembut > (mahluk > halus), nu kunu teu apal mah disebut bae sabangsa > jin. > > Sedengkeun Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring > (Si > Kuring saur mang Oman tea mah), matak dina legenda > Sangkuriang waktu nyieun talaga jeung parahu > ngagunakeun Guriang Tujuh (naha ngango naon atuh > dina > barang gawe mun teu ngagunakeun pangawasa, kadaek, > hirup, dangu, awas, ucap jeung angseu). Pon kitu > deui > Mundingaya Dukusumah, waktu neangan Layang Sasaka > Domas nu aya di "sajabaning langit" (sajabaning > langit > lain langit, lain bumi tapi nya eta diri badan > sakujur), sanggeus ngelehkeun Guriang Tujuh nya > ilang > tanpa karana ngajanggelek jadi Guriang Tunggal (Guru > Hiyang Tunggal = hakekat 7 guru tadi nu utamana mah > kulantaran ayana Hirup). > > Tah ku kituna mugia kang Asep oge dulur kisunda > sadayana, kade ulah mikaijid ka Guriang lamun ijid > ulah dianggo atuh eta tujuh pangawasa nu jadi guru > teh. Oge Sangkuriang ulah dipikaijid da sidik aya > jenung nganyahokeun sarta nyaksi nu ngancik di > sakuringna-sakuring na. Malah geura deuheusan. > > Pedaran simkuring sual panalungtikan harti legenda > Sangkuriang parantos dimuat di Majalah Cupumanik > sasih > Januari 2007, mung eta mah versi ringkesna tina > ringkesan nu parantos diedit ku panerbit. versi > ringkesan sim kuring mangga engke dilebetkeun dina > milis ieu, upami lengkepna diperyogikeun nya mangga > ku > im kuring oge bakal di pedar di ieu milis. > > Guaran simkuring sual legenda Mundinglaya oge > parantos > rengse dipidamel, mung masih versi bahasa Indonesia. > > Sakitu kapihatur ti Simkuring, mugia aya gunana keur > balarea. > > Cag Rampes. > > pun Engkus > > --- Asep Hadiyana <aschevetea@ yahoo. com> wrote: > > > Kahatur para bapa / ibu / akang/ aceuk / ujang / > > nyai anu di milis US, > > > > Upami henteu lepat, guriang sareng sang guriang > > gaduh hartos negatif (awon) sareng dipikaijid. > Tokoh > > Sangkuriang gaduh lafal anu ampir sami sareng Sang > > Guriang. Naha aya anu uninga hubungan antawis > > Sangkuriang sareng Sangguriang? > > > > Hatur nuhun sahenteuacanna kanggo katerangannana. > > > > Wassalam, > > Asep > > > > > > ------------ --------- --------- --- > > Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and > > always stay connected to friends. > > ____________ _________ _________ _________ _________ > _________ _ > Don't pick lemons. > See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. > http://autos. yahoo.com/ new_cars. html > > > > > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > Any questions? Get answers on any topic at > www.Answers. yahoo.com. Try it now. ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ Any questions? Get answers on any topic at www.Answers. yahoo.com. Try it now. ____________________________________________________________________________________ Never miss an email again! Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

