punten mj jeung kang engkus. ieu mah bade jabung tumalapung, lamun salah pangnalapungkeun... nu salahna hehe
tapsiran (sakadenge) sikuring ngeunaan papat kalima pancer mah kieu: nu opat nyaeta wetan-kulon-kaler-kidul sedengkeun pancerna (nu kalima) nyaeta kuring. mana wetan mana kulon mana kaler mana kidul gumantung kuring salaku pancer. batur saukur paragi tudah tuduh wungkul :) heuheu, sugan. dh On 2/22/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hatur nuhun kang. cek cenah ieu mah, istilah papat kalima pancer oge ngandung harti nunjukeun arah mata angin. wetan-kulon-kaler-kidul. kalima pancer, maksudna ka luhur, sigana nuju ka pangeran. mj http://geocities.com/mangjamal > # angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi > wujud/waruga manusa nyaeta acining > cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok manggihan > istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta > nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu > dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu jadi > pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa nafsu-nafsu > sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan, > karobanan jeung kasetanan. __._,_ ._,___
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

