Nya ari si kuring mah sok ngawayahnakeun karep. da kungsi dikoloni bangsa
deungeun. Sanajan alusna atawa gorengna, pangaruh negeri penjajah, utamana
walanda, nu alus2na mah laleungitan. Basana geus koredas, kalindih basa
inggris. Sikep mentalna, nu zaklijk tea, tamat di generasi didikan walanda
nu ayeuna tos ampir seep.

Sugan ku ngamodal warisan karuhun-nu kapanggih, bisa deui hudang. Bari
sigana teu gampang sabab geus karacunan ku barang bin budaya impor-utamana
dina cara noong kahirupan-sanajan masih aya mental ngahuma nu cenah masih
napel jadi artefak pikiran dina tiap sirah US. 

Soal pangaruh tiluar, boroning barang pakean, katuangan nu impor, nu dasar
oge, agama, kalolobana urang agama impor ti timur tengah. Haha.



-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of engkus ruswana
Sent: Wednesday, February 21, 2007 2:50 PM
To: [email protected]
Cc: Kisunda
Subject: Re: [Urang Sunda] Guriang, Sang Guriang, sareng Sangkuriang

Rampes kang Teten,oge bagea ka kidulur sunda sanesna.
Ngahaturkeun nuhun panginten pangna kang Teten tumaros
teh pedah aya kereteg hoyong ngudag sareng nyukcruk
elmu warisan ti luluhur sorangan, cirining salira
mikareueus sareng mikanyaah kana eta warisan, sareng
deuih bade ku saha dipikareueus jeung diajenanna
tutungkusan luluhur sunda, upama lain ku turunan sunda
nyalira.

Perkara elmu sunda, memang tos lawas teuing kalindihna
ku elmu deungeun, matak geuning aya istilah jati
kasilih ku junti. Mung luluhur urang harita oge
waspada sangkan teu leungit ku obahna jaman, nya
rupina ngahaja nyimpen ajaran teh nganggo rupi-rupi
cara (media), diantawisna aya nu satarabasna
diajarkeun turun tumurun sacara lisan, aya nu ditulis
dina rupi-rupi prasasti, aya nu diserat dina daun


Kirim email ke