Haturan Mang Jamal, dina raraga ngaguar atanapi
nyungsi diri nyuay badan, luluhur urang memang sok
ngaitkeun jeung angka-angka nu kamungkinan supaya
gampang diapalkeun jeung dihartikeunana(sabab budaya
tulis teu acan berkembang), pon kitu deui kamungkinan
bangsa sejen oge sami. Upama dilenyepan, angka-angka
husus nu ngait sual guaran diri, nyaeta angka 1, 3, 4,
7 jeung 9. Angka-angka ieu sok digunakeun dina upacara
nu ngait kana proses kalahiran manusa ka alam dunya
(kakandungan), jeung proses mulangna manusa ti alam
dunya (kapapatenan).

#angka 1 nyimbulkeun katunggalan (Gusti,
manusa/ingsun, rasa, dunya jsb)
# angka 3 nyilibkeun 3 unsur utama nu aya dina kujur
manusa (lahir-batin-kuring/ingsun;
pikir-rasa/napsu-kuring/ingsun; uga-waruga-ingsun;
budi-daya-kuring, jsb)==> geuning sok timbul istilah
tri-tunggal; tri-nitas; tri-murthi; tri-loka jsb.
# angka 4 ngalambangkeun 4 unsur nu ngajadi
wujud/waruga manusa nyaeta acining
cai-seuneu-angin-bumi ==> geuning urang sok manggihan
istilah "papat kalima pancer", maksadna nyaeta
nerangkeun wujud/waruga nu asal ti 4 unsur nu
dipanceran (kalima) ku kuring/ingsun. Ingsun kudu jadi
pancer sabab 4 unsur dina diri ieu mawa nafsu-nafsu
sewang-sewangan kayaning kadunyaan, kahewanan,
karobanan jeung kasetanan.
# angka 7 nerangkeun 7 unsur pangawasa kudrat ti Nu
Kawasa (nu sifatna batin) sapertos nu disilib keun
dina Guriang Tujuh, oge nu sifatna lahir nyaeta
lapisan nu aya dina diri manusa
(bulu-kulit-darah-daging-lamad-balung-sumsum).
# angka 9 nerangkeun jumlah parabot utama nu
digunakeun ku manusa nu sifatna lahir jeung batin,
nyaeta : panon (lahir) jeung awasna (batin); ceuli
jeung dengena; irung jeung ambeuna; sungut jeung
ucapna; leungeun jeung obahna; suku jeung langkahna;
uteuk jeung elingna; hate jeung pikirna; sarap jeung
rasana. ===> tah ku kamotekaranana karuhun terus bae
disimbulkeun dina kacapi nu jumlah kawatna 18 (2x9) nu
ngancik dina bentuk parahu (nyimbulkeun wujud diri nu
keur ngalalakon di dunya/"mengarungi samudra
kehidupan")

Dina upacara mapag kalahiran manusa geuning adat urang
mah sok aya acara sabulanan, tilu bulanan, 4 bulanan,
7 bulanan, 9 bulanan (mung nu masih biasa dipake mah 3
bulanan jeung 7 bulanan). Pon dina kapapatenan geuning
sok aya acara nyusur tanah (sapoena), 3 poena, 7
poena, 40 poena, 100 poena(natus), sataunna (mendak
taun) jeung sarebu poena(newu). Teras bae saprak Islam
lebet ka pasundan ditambihan ku babacaan ayat-ayat
Quran disebut bae tahlilan, jadi ceuk nu teu apal mah
tahlilan teh lain adat Sunda (???), sabalikna ceuk nu
apal jeung nganut paham batur sautuhna, majarkeun teh
haram mun ngalakukeun upacara tahlilan.

Tah kitu mang Jamal oge saparakanca kidulur sunda,
simkuring yakin ajaran/paham agama naon bae dina
ngajelaskeun ajaranana teh umumna teu leupas tina
ngagunakeun angka-angka.

sakitu heula nu kapihatur.

Engkus,  

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Sanes ieu mah mung nyoba ngahubungkeun-hubungkeun
> angka.
> Angka 7 cek mitologi yunani kitu, cenah angka
> pangeran. 
> Dina dongeng snow white kitu, dwarf atawa kurcaci
> jumlahna tujuh oge.
> 
> Leupas ti aya hubungan atawa henteu, angka tujuh
> sigana boga harti
> universal, maksudna nya 'angka pangeran' atau 'angka
> suci'.
> Patarosanana, tangtu naha?
> 
> ------------
> Istilah Guriang aya dina carita Sangkuriang sareng
> Mundinglaya Dikusumah. Guriang digambarkeun sabangsa
> lelembut (mahluk halus) jeung biasana jumlahna
> tujuhan.
> 
> Guriang Tujuh asal tina kecap Guru hyang tujuh,
> maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti Gusti nu
> ngancik dina diri manusa, nyaeta : 
> 
> 
> 
> 



 
____________________________________________________________________________________
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.
http://mobile.yahoo.com/mail 

Kirim email ke