Ieu aya oleh-oleh tina acara Diskusi SIMPAY 28 Februari kamari, anu topikna Arsitektur Rumah Adat Tradisional Sunda anu didugikeun ku Don Hasman. Topik bahasan teh ahirna, bras ka adat istiadat Urang Kanekes/Badui, anu dianggap tiasa mewakili kebudayaan Sunda asli. Punten, pedaranana amburadul, teu puguh entep seureuhna dina perkara migunakeun basa Sunda. Tos lami tara diasah. Mugi dimalum.
Pihatur, mrachmatrawyani Ciri Imah Tradisional Sunda Don Hasman teh salah sahiji tukang poto lingkungan jeung kabudayaan Nusantara anu kawilang jarang aya tandinganana. Malahan mah kaasup kana 100 tukang moto pilihan sadunya. 32 tahun ngulibek wewengkon Nusantara nepi ka jero-jerona pakampungan hiji etnis. Teu heran lamun hasil jepretan-jepretanana kawilang nyongcolang jeung boga ciri khas dibandingkan hasil jepretan tukang potret sejenna. Salah sahiji kakayaanana teh nyaeta dokumentasi foto-foto imah adat Sunda. Wewengkon adat Sunda di Jawa Barat mah geus dikulibek kabeh. Ti mimiti Cigugur Kuningan, Kampung Naga Tasik, Cianjur, Sukabumi, Sumedang, nepi ka wewengkon pakidulan Banten. Tina hasil moto eta, aya sababara kacindekan anu bisa dijadikeun patokan. Beuki lancar jalanan anu ngaliwatan hiji wewengkon, beuki ngurangan kana kaaslian budaya jeung adat anu aya di hiji komunitas. Contona, di wewengkon Banten, dimana prasarana jalan masih susah, kabudayaan di komunitas eta beuki kajaga kaaslianana. Tapi mun hiji wewengkon geus bisa ditembus ku ojek motor, bisa dipastikeun budaya di komunitas eta ngalunturan. Struktur imah asli adat Sunda dibagi tilu, tepas/golodog, ruang tengah, jeung dapur. Di ruang tengah teu aya kamar pangkeng (tidur). Kamar pacilingan ayana di luar imah. Ciri has sejenna nyaeta imah mangrupa panggung, dimana aya batu anu jadi sokoguru keur nahan tihang. Imah adat Sunda oge geus kenal kana ventilasi jeung jandela pikeun ngatur hawa sangkan di jero imah sirkulasi udarana sehat. Terus, biasana di buruan aya kebon jeung balong. Dina suhunan sok aya antene atawa siga tanduk anu leuwih luhur batan hateup imah. Sok sanajan Don Hasman teh teu aya kasangtukang khusus di widang antropologi, arkeologi atawa diajar metodologi ilmiah, tapi hasil jepretan foto-fotona mangrupa hiji data otentik anu munel jeung leuwih punjul tibatan hasil panalungtikan anu ngan sakadar hasil wawancara para mahasiswa anu terus dijadikeun disertasi hiji doktor ku salah sahiji dosen ti Unpad. Ayeuna Don Hasman keur nyusun hiji buku anu ngagambarkeun kaanekaragaman budaya asli Nusantara. Tujuanana rek nunjukkeun ka dunya yen di Indonesia masih aya komunitas anu masih mulasara budaya jeung adat asli. Rencanana mah buku eta teh ngan dicetak 50 buku. Buku eta rek dikirimkeun ka Universitas Leiden Walanda jeung museum Smithsonian Amerika Serikat. Odon Tukang Nyolong Foto Teuing saha ngaran anu jelasna, jeung aslina ti mana, tapi Don Hasman (67) kaasup salah sahiji tina opatan urang luar anu diaku jeung geus dianggap kulawarga ku urang Kanekes/Badui. Anu sejenna nyaeta Uli Sigar Rusadi, Pa Adang (ti Bandung) jeung pa Sopandi anu ayeuna aya di Malaysia. Don Hasman teh salah sahiji anggota Kehormatan Mahasiswa Pencinta Alam (MAPALA) UI, kungsi jadi wartawan foto majalah Mutiara (alm), foto-foto flora, fauna jeung kabudayaan Indonesia hasil jepretanana jadi langganana media asing. Jadi teu heran lamun Don Hasman dianggap salah sahiji tina 100 tukang potret sadunya anu kahot (beken). Foto-foto ekslusip anu dipiboga Don Hasman diantarana foto kahirupan urang Badui jero, aya kana 7000 foto. Padahal pan dipahing pisan motret kaayaan urang Badui jero teh. Mangkana urang Badui mah mere ngaran ka Don Hasman teh Si Odon tukang nyolong poto. Waktu ditanya sabaraha lilana supaya bisa dianggap jadi kulawarga urang Badui jero, cenah aya kana 8 tahunna. Lamun diitung-itung, nepi ka ayeuna geus aya kana 500 kali nganjang ka badui jero. Malahan mah kungsi dina salah sahiji taun nganjang ka Badui nepi ka 38 kali. Kumaha bisa motret kahirupan urang Badui jero. Aya carana, biasana lamun keur ngayakeun gotong royong, inda-inda (pura-pura) ngareureuh deukeut tas anu eusina tustel, api-api ngarampaan tas babawaan, padahal mah rek motret. Sok sanajan kitu, Don Hasman teu wani ngarempak aturan, nyaeta teu wani motret Sasaka Domas tempat sucina urang Badui. Nepi ka ayeuna teu aya potret lokasi sasaka Domas atawa aya naon di Sasaka Domas. Aya pangalaman babaturanana Don Hasman, nyaeta Norman Edwin jeung Didik Syamsu. Duanana the anggota MAPALA UI. Hiji waktu kanyahoan ku Puun maranehanana asup ka wewengkon Sasaka Domas. Harita keneh Puun ngambek jeung ngusir dua jalma eta. Ceuk cenah mah aya 9 urang anu asup ka Sasaka Domas the, tapi teu apal saha-sahana. Kadieunakeun Norman tiwas kacilakaan di puncak gunung di Latin Amerika. Ari Didik Syamsu tiwas kacilakaan di puncak Gunung di Papua. Duanana teh maot ngora. Don Hasman yakin, duanana teh keuna supata ngarempak tempat suci urang Kanekes. Pernah oge kajadian aya urang luar Kanekes anu ngahaja ngadatangan Sasaka Domas. Na atuh ari nepi ka imahna, kalakuanana siga anu jalma teu waras. Kakara sadar deui sabada diinuman cai herang ti Kanekes. Mun teu salah mah Pa Anis Jatisunda oge kungsi ngadongeng, ngalaman ka tempat Sasaka Domas. (cik kang Hendra Balebat di cek deui ka jinisna, naha enya kitu kantos ka Sasaka Domasna urang Kanekes?). Pangalaman Anu Aheng Don Hasman ngaku, Urang Kanekes teh boga kakuatan supranatural anu luar biasa. Hiji mangsa Don Hasman rek indit-inditan ti hiji tempat urang Badui jero ka tempat sejenna anu biasana lamun jalan biasa meakeun waktu kana 28 jam perjalanan. Ku Urang Kanekes teh sukuna Don Hasman diusap bari jeung dijampean. Eta perjalanan turun naek gunung the ngan meakeun waktu 6 jam. Kitu deui aya hiji wanoja anu geus ripuh ku sabab cape. Tapi barang diusap sukuna ku urang Kanekes, ngadadak jagjag waringkas. Nepi ka imah eta wanoja teh menta dipencetan ku sabab paregel. Na atuh barang tukang ngurut nyekel suku wanoja eta, kokoceakan. Ngarasa aya nu aneh dina diri wanoja eta. Doktor Jeung Data Palsu Ku seringna ngayakeun interaksi jeung urang Badui jero, jadi nyaho leuwih jero adat kabiasaan masyarakat Badui jero. Aya katugenah Don Hasman kana hiji disertasi doktor dosen Unpad (ngahaja teu disebut ngaranna, teu etis) anu nalungtik perkara Badui di Cikeusik, Cibeo jeung Cikertawana. Dina disertasi eta teh disabit-sabit yen di Cikeusik jeung di Cibeo aya rumah adat paragi ngayakeun upacara adat. Ngan di Cikertawana anu heunteu miboga rumah adat. Padahal Don Hasman boga bukti-bukti foto di Cikertawana oge aya rumah adat. Aya sababaraha data deui dina disertasi eta teh anu patojaiyah (=bertentangan) jeung kaayaan sabenerna di lapangan. Ku naon bisa kajadian saperti kitu ? Kahiji, data lapangan dikumpulkeun ku para mahasiswa, ari dosenna mah ngan sakadar saperluna datang. Kadua, disertasi diuji di paguron luhur Malaysia, anu teu ngarti perkara kabudayaan urang Kanekes. Don Hasman ngarasa boga kawajiban moral pikeun ngoreksi hal ieu, supaya pembohongan publik bisa dicegah. Saperti siga ayeuna, di masyarakat aya embaran yen di Badui jero teh ngan aya 40 urang. Lamun leuwih ti 40 puluh kudu aya salah saurang anggota masyarakat Badui jero kudu ka luar. Ieu embaran teh teuing saha anu nyebarkeun, tapi bener-bener teu bisa dipercaya. Sabab lamun ditanya ka Puun, Puun oge teu bisa mastikeun aya sabaraha jiwa atawa kulawarga di Badui jero. Ahirna Don Hasman ngayakeun sensus sorangan di tilu tempat Badui Jero. Kanyataanana, jumlah jiwana beda-beda. Aya rencana, Don Hasman rek ngagugat disertasi doktor dosen Unpad eta dina hiji forum ilmiah terbuka. (Kumaha tah kira-kirana, KUSnet wani heunteu jadi fasilitator debat ilmiah terbuka perkara ieu?) ____________________________________________________________________________________ Food fight? Enjoy some healthy debate in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A. http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367

