umumna, imah kiwari, utamana di kota, dirancang ku arsitek, atawa tukang gambar imah nu pangabisana eta diajarkeun di sakolaan.
salah sarebu metoda ngarancang imah, utamana dina bagean ngatur lebah2na rohangan, biasana dumasar kana studi perilaku umum jelema. nya meureun metoda modern tea nu didasarkan kana studi logis aktivitas manusana ditambahan ku ciri moderen tea, efisien jeung efektif. praktis kitulah. jadi dina ngatur lebah2na rohangan, salian ditangtukeun alam (kamer sare alusna beulah wetan, sangkan kacaangan panonpoe isuk2, gunana cahaya panonpoe cenah pikeun ngaberesihan bakteri di kamer sare) oge gumantung ka pola tingkah laku atawa kabiasaan masyarakatna. robah kabiasaan jelemana, bisa ngarobah oge cara ngatur posisi rohangan. tapi di kota mah rek dibeulah wetan kumaha pan ayeuna mah, sabab di wetan teh, tatangga, tembokna ge rapet jeung tembok imah urang. tungtungna, nya asal boga jandela susu ganan masih keneh kacaangan panonpoe. saacan ngagambar, salian noong arah garis panonpoe, oge nyieun heula daptar kegiatan calon nu baris ngageugeuh eta bumi. conto, unggal hudang sare, umumna jelema muru panto kamer mandi. ganti oli. hehe. tah ku studi kitu, kapanggih rohangana naon ku kudu deukeut ka kamer mandi. sami sareng aya kamer mandi di payun rada caket ruang tamu. mun tas ti luar imah, komo tos dijebak macet mah, pas dugi ka bumi teh, seueur oge nu gura-giru ka kamer mandi. jadi merenahkeun kamar mandi di payun, ti dinya sasakala. kalebet nyadiakeun kamer mandi pikeun tamu sangkan teu kudu ka kamer mandi di tukang nu kudu naek ojeg heula. haha. di apartemen atawa flat tea, ku sabab umumna nu ngageugeuhna duanaan daramel, uih wengi, teu ngangge pembantu, balanja dapur teh sok pas uih kantor. ku model kabiasaan anyar kitu, atuh dapur teh jadi pangpayuna. sangkan ngagampangkeun pikeun nu tas balanja nyimpen balanjaan dapurna. imah sunda kontemporer-nu teu mirupa imah adat, estuning jadi gumantung ka cara jelema US ngeusi imahna ku parabotan kaasup ngahias. biasana US atawa urang mana bae, sok nembongkeun budaya kaasup kabiasaan timana maranehna datang. mj http://geocities.com/mangjamal > > Upama nengetan imah tipe perumnas, lamun urang asup ka > tengah imah teh sisi kencana biasana aya kamer sare > dua, diantara dua kamer eta biasana aya kamar mandi. > Konsepna meureun ngarah babari ka cai ti kamar sare. > Kitu oge kuring pernah ka hijiimah di Pondok Indah. > Barang asup ka imah teh, lebah katuhu ruang tamu, ari > lebah kencana langsung ka kamer mandi. Padahal dina > konsep imaht tradisional Sunda, kamer mandi ayana di > luar imah, atawa paling heunteu di beh tukang, heunteu > di tengah imah. Sok sanajan kamer mandina bersih tur > katutupan rapet jeung make pewangi sagala tapi pan > lamun aya jalma miceun sabada dahar jengkol atawa > peuteuy, tetep wae bau kaambeu kamana-mana. > Kuring pernah cicing di imah Bibi, salakina pagawe > pabrik gula di Kadipaten Majalengka. Pola imah > gedongan jieunan walanda mah, kamar mandi, dapur jueng > gudang ayana di tukang.Ti imah utama ka dapur teh aya > salasar siga lorong jalan dirumah sakit. Teuing tah > konsep imah walanda di Indonesia teh, naha niron > konsep imah tradisional Sunda, dimana kamar > mandi,dapur ayana di luar imah utama. Atawa memang > konsep imah di walanda mah jiga kitu. Kuring can > nanyakeun ka babaturan anu cicing di walanda. > > baktos, > > mrachmatrawyani > >

