he...he...nu penting teu kahujanan sareng teu kabulusan. Sareg nu penting bumina mah matak sehat kana awak, he...he...
On 3/7/07, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Irah kuring boga imah aya balongan, aya balong saeutik. Tagog "gogog", aya goah, pokokna siga bareto...ah romantis. Hese kiwari mah. Komo lahan ngan 60 m mah. kumaha rek nyieun balong jeung tepas, dalah keur sakalieun narima semah anu meuting ge hese. Buktina, kang Runa. boro2 bisa di kamarkeun, da teu aya. hehe baktos tantan On 3/6/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Abdi ge hoyongnamah hoyong gaduh bumi konsep tradisional Sunda teh... > Pami di pilemburan mah kahartos da seueur keneh taneuh molongpong. > Hmmm...kacipta... > Bumi panggung, aya tatapakan batu nu parasagi paragi kalebet bumi (sok > dianggo ngajengjreng, ngawangkong bari salisiaran..) > Lantey (Sunda?) nganggo talupuh, teu kedah AC-ACan da tos karaos tiis > ngahiliwir tina liang bilik. > Dihandapeun bumi aya kandang ingon-ingon sabangsaning entog, meri, hayam > & soang... (ketang, ayeuanmah pimatakeun salesma manux) > Balong sisi bumi, aya pancuran nu caina cur-cor...ninggali kahandap > seueur lauk patinggulipak... > Disisi bumi sapalihna deui kebon ngemplo hejo, kayaning pepelakan > jagong, sampeu, terong, cengek, kacang panjang...srrd. > Pami teu gaduh rencang sangu, kantun nguseup, laukna dibeuleum & > dikecapan, direncangan ku sambel goang teu kakantun lalabanana... > Eueut ci duwegan nu kenging ngala...euuugghhh...terab...suganmah...matak > betah...haroream paeh...heheh. > > Hanjakal di pilemburan jaman kiwari tos langki bumi sapertos kituw > ...rata2 digentos ku tembok. > Di sisi sawah seueur gedong sigrong patingpucunghul gaya Spanyol, > Mediteran, srrd...duka naon teu apal. > Nitenan pangaos taneuh di kota ageung contona sapertos Bandung ni > ararawis pisan. > Urang lembur mah sok maroyokan, tangtos dibandingkeun sareng bumi di > pilembur nu iblig-ablag tebih pisan atuh... > "Ih, ni baretah nya urang kota mah caricing di imah sagede kurung > manuk..." > "Ish lalawora, imah leutik ge aya hargaan di kota mah..." > "Tuda meni duk dek, heureut pisan jeung bararau sagala rupa..." > "Bae we matak kitu ge "stategis" meh sagala kasampeur...mun keur > raripuh, bisa mandi bari ngagoreng lauk...heheh". > ro2 > > On 3/6/07, MRachmat Rawyani < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Upama nengetan imah tipe perumnas, lamun urang asup ka > > tengah imah teh sisi kencana biasana aya kamer sare > > dua, diantara dua kamer eta biasana aya kamar mandi. > > Konsepna meureun ngarah babari ka cai ti kamar sare. > > Kitu oge kuring pernah ka hijiimah di Pondok Indah. > > Barang asup ka imah teh, lebah katuhu ruang tamu, ari > > lebah kencana langsung ka kamer mandi. Padahal dina > > konsep imaht tradisional Sunda, kamer mandi ayana di > > luar imah, atawa paling heunteu di beh tukang, heunteu > > di tengah imah. Sok sanajan kamer mandina bersih tur > > katutupan rapet jeung make „pewangi" sagala tapi pan > > lamun aya jalma miceun sabada dahar jengkol atawa > > peuteuy, tetep wae bau kaambeu kamana-mana. > > > -- tantan hermansah www.tantanhermansah.co.nr "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" --siliwangi--
-- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

