Cek teori ekonomi kapitalis modern mah, pan aya KPR ti bank. Hanjakal tingkat panghasilan urang can nyukupan pikeun uang muka oge nyicil mayarna hehe.
aya babaturan urang wetan -cicing di bdg- tesisna soal alat masak di masyarakat Sunda. Hehe. Kuring reueus, aya urang jatim nalungtik soal alat makan urang sunda. Tapi manehna ngeritik, kuring nu agul ngaku US, teu nyaraho ngaran2na. jawab kuring, cak, kuring hirup ayeuna. ongkoh cek kuring mah lain alatna nu jadi ciri mandiri, tapi menu atawa papasakanana. Sabab ari alat mah keuna ku robah alatan tehnoloji tea. Kungsi di tulis di Cupumanik, judulan Aya Keneh Imah Sunda? -daur ulang salin basa tina artikel b. indonesia di Kompas eta. Hehe. Sanajan aya oge nu lumpatna kana masalah otentifikasi. Kaaslian atawa orisinalitas. Siga pizza, aya nu hantem ku suluh, lain ku oven, atawa sorabi, make cara angger kitu ti baheula, teu make oven atawa microwave Nya sabagean -boa kalolobana- nganggap ciri utama imah Sunda atawa imah tradisional teh, rupana, kaasup matrialma tea. Komo aya nu nganggap yen ciri imah Sunda atawa budaya matrial US mah awi, awi jeung awi. Nepi ka Sunaryo, pematung tea, meunang sayembara nyieun Monumen Perjuangan rakyat jawa barat hareupeun unpad dipati ukur, cenah gagasanana tina bamboo kitchen (tarjamah saka inget ti dapuran awi, hihi). Bisi bade noong bumi urang sunda jaman pajajaran aya di www.kampungsamprireun.com <http://www.kampungsamprireun.com/> , cenah sapeuting sajutaan leuwih. Material memang jadi ciri kuat, sabab panggampangna katoong katingali, ngajegir, kitu. Jadi budaya material. Tangtu aya budaya lain material tea. Teu fisikal. _____ waduh. hebat tah. Sigana si Apih tah kuduna mah disundakeun bumina anu di bogor teh. duka tos sabara persen nyunda na teh. Satuju MJ. Ngan waragadna...??? haha baktos Nambihan: Naha ari anu disebut imah sunda teh fisik atawa psikis. Maksud teh, naha imah sunda anu bentukna siga dina penjelasan Kang Rahmat tu MJ teh teu kapanganruhan ku tuntutan lokal jeung jamanna? Pan, imah oge nyingcirikeun kumaha kaayaan jamanna. COnto, kapungkur imah laluhur teh da...ceuk cenah, loba sasatoan anu sok kumalayah ka buruan. Jadi imah diluhuran. Kadua, deui-deui, da kuring mah nganut Sunda substansi, meureun poe ieu, kasundaan urang geus "dialog" jeung budaya sejen. Sok we tinggal: urang sunda bareto pan teu make mobil. komo HD mah. Ayeuna, anu gaduh pada2 nganggo. Naha eta ngalanggar wewengku budaya sunda? pan heunteu? Kitu deui masalah per"imah"an. Nya, mun Urang SUnda ngaadop saeutik model spanyol, modern minimalis (seuratan MJ jadi rujukan penting!) atawa anu sejena, pan sah we. nu penting, nu nyingcirikeun imah sunda teu ilang, saperti: anu boga imah salawasna someah hade ka semah. Sahingga, imah sunda, ceuk kuring, teu kudu dihartikeun secara "benda", tapi kata kerja anu mibanda harti teu pernah enggeusan. Saperti budaya, ceuk ignas kleden mah, salilana bida "gerak" ngigelan jaman. sakitu heula ah Punten sabalang bentor tantan

