kabeneran kamari pisan, tamba kesel, kuring ngeusian daptar kekecapan Swadesh di Wiktionary. Biasa bae, modal tuur, da lain ahli basa. Hanjakal teu acan aya berendelanana ti basa Palaung. Bilih aya nu bade ningalan, komo ngalereskeun mah, mangga buka http://en.wiktionary.org/wiki/Swadesh_lists_for_Malayo-Polynesian_languages
On 3/13/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Prof Slametmulyana dina bukuna Asal Bangsa dan Bahasa Nusantara nyabit perkara basa Sunda nu rada deukeut kana basa Palaung, komo palebah nyebutkeun kecap nunjuk boh keur deukeut boh keur jauh, nyaeta kecap *ieu*jeung *eta*, ceuk eta buku asalna tina *"i-**รถ"* jeung *"i-tay"* nu aslina tina basa Palaung. Basa Palaung nyaeta basa anu aya di nagara Burma (ayeuna Myanmar). Sedengkeun *ini* dina basa Indonesia aya sasaruaan jeung basa Mundari (basa anu aya di India). Sigana basa nu aya di wewengkon Nusantara, memang asalna ti darata Asia (Campa, India, Burma jeung sabangsana).

