Eta teh ti wewengkon Gardujati mang,,, Hehehe... -Bohay-
On 18/03/07, AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah pangalaman simkuring malem Minggu kamari. Balik nganjang ti lanceuk di Jalan Cibadak, ba'da magrib ngahaja nikreuh ka Gardujati ka tukang bubur hayam peuntaseun Hotel Trio. Gek diuk bari mesen ka si emang sing loba saledrina. Teu lila jol budak ngora duaan, anak babah.Si emang bubur ukur ngareret, jigana mah nu duaan teh geus ngalanggan. "Aing perlu citban." Ceuk nu sa urang bari ngalaan arlojina bari song dibikeun ka babaturana."Cenah sia butuh arloji." "Barang jiga kieu kudu citban ? Tapi cincay lah.Ka babaturan ieuh." Tembal nu hiji deui bari ngasongkeun duit. "Nya jeung saha deui kudu silih tulung mun lain jeung hopeng. Harga sakitu mah cengli. Kamsya." Ceuk nu ngajual arloji bangun nu bungah bari cecelebekan kana buburna. Tah kitu, baraya. Mun teu salah mah citban teh hartina 70 rebu, cincay hartina wajar. Ari hopeng ? Meureun hartina sobat. Cengli =wajar/aturan. Kamsya=SyeSye=Hatur nuhun . Tah ari Sunda kieu kaasup 'wewengkon' timana ? Ah ieu tamba iseng. Tapi da emang babasaan 'kitu' teh aya. Misan . ------------------------------ The fish are biting. Get more visitors<http://us.rd.yahoo.com/evt=49679/*http://searchmarketing.yahoo.com/arp/sponsoredsearch_v2.php?o=US2140&cmp=Yahoo&ctv=Q107Tagline&s=Y&s2=EM&b=50>on your site using Yahoo! Search Marketing.

