duh duh duh..kang Elly........
  sok lah ngaku, saha wae pasti resep mun dipuji, saha wae pasti teu suka mun 
di kritik, da eta mah manusiawi pisan.
  Tapi teu hoyong disebatkeun kagorengan teh sanes hartosna hoyong dipuji lin ??
  nya atuh, muji2 henteu mah..tong ngagogoreng batur....
  tingali we ka diri sorangan, abdi teh tos bener teu? tos sampurna teu ??
  
  "  Hiji  deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali saha anu nyariosna, 
sanes  naon eusi atawa maksud cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna teh  
nganggo gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu dikemukakeunana teh  pasti 
bener, ieu anu ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna orang  sundamah 
gampang ditipu, haneut keneh malah, Milyaran rupiah orang  Jawab Barat katipu 
ku IBIST pedah anu ngabibitana DR. Wandi dst."
  
  
  
  Saur abdi mah, sanes resep ningali saha nu nyarios, tapi kudu bener  
atuh...ari ka nu lain mah jentre pisan disebatkeun namina..kang ieu nu  
kitu2..kang itu nu kieu kieu...ari ka nyalirana???? iiih, nyumput ....
  
  pami hoyong ngabahas masalah, sok atuh langsung we ka titik  permasalahanna 
naon, ulah kadieu kadieu heula ngacapruk teu  puguh...bari nyabit2 nu teu pasti 
bener...leres, suudzon............
  
  punten ah......janten ngacapruk oge geuningan nya..
  
  -LN-
  sanes tukang ngacapruk
  

ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                          
        
  Aduh  nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda  pituin 
atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea sor  sagala 
dipasihkeun.
   
  Atuh ayeunamah urang make basa anu pupujieun tea.
   
  Kang  Boim anu kasep anu jero tapak genteng kadek, katut kang Waluya guru  
fisika teladan,  teh Ika pekerja keras anu pincontoeun para  wanoja, anu tiasa 
ngelehkeun Ma Eroh (sanes ma Erot), pasti teu  teurang Ma Eroh pan, atuh 
kukituna kuncen USNET anu bijaksana ...dst  wilujeng tepang deui..........duh 
nyaan genah oge yeuh.padahal dina eta pupujieuna eusinamah sindiran....
   
  Cag sakitu heula pupujieuna.
   
  Hiji  deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali saha anu nyariosna, sanes  
naon eusi atawa maksud cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna teh  nganggo 
gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu dikemukakeunana teh  pasti bener, ieu 
anu ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna orang  sundamah gampang ditipu, 
haneut keneh malah, Milyaran rupiah orang  Jawab Barat katipu ku IBIST pedah 
anu ngabibitana DR. Wandi dst.
   
  Cag heula.
   
  Aki, Nini, Bapa, Ema, Akang, teteh, katut ayi warga USNET ........ duh nyaan 
genah oge yeuh.
   
  Sakali  deui urangteh geus waktuna rereongan mencarkeun daya fikir ku daek  
ningali fikiran anu sejen, supaya urang sarerea atawa generasi  urang kahareup 
ulah jiga ayeuna, anu nyatana ayeuna hasilna  kasangsaraan kapapanjangan keur 
urang sarerea anu khususna  daerah JAWABARAT. Keur urang Jawabaratmah kajadian 
ieu teh  sabenerna ampir teu asup akal, tatar sunda anu daerah paling subur 
bari  jeung sumber alamna cukup tapi teu bisa mere kasajahteraan keur  
penghunina, pangangguran dimana-mana. Tah ieu kabeh oge di sababkeun  kuhiji 
sabab, nyaeta urang teh penghunina bodo, akibatna loba kasieun,  anu antukna 
teu bisa nganilai hiji persoalan ku daya nalar anu bener.
   
  Keur  minterkeun warga, hiji-hijina cara nya pendidikan, tapi lain jumlahna  
anu kudu dilobaan jiga supa, tapi justru sarana jeung prasarana anu  menunjang 
eta pendidikan lancar. Tah sarana utama pendidikan  sabenernamah jumlah 
lapangan kerja anu cukup keur para alumnina, sabab  sakola/pendidikan teh lain 
hiji tempat keur nyiptakeun ahli  usaha/wiraswastawan, ahli usaha mah datangna 
alamiah, tapi  pendidikan teh tempat transfer pengetahuan anu gancang, nya 
hasilnamah  sabenerna  tenaga kerja anu terampil, atuh anu punjulna nya terus  
jadi pemikir atawa ilmuwan. Kusabab kitu anu ayeuna kudu dipaju  teh nya kumaha 
narekahanana supaya lapangan kerja di Jabar teh tumbuh,  tah lamun lapangan 
kerja tumbuh, otomatis jelemana oge sumanget tolabul  ilmu, sabab maranehna aya 
target nu kudu direbut dihareupeunana,  otomatis pendidikan bakal maju. 
Sabalikna lamun lapangan kerja teu aya,  atuh para alumni oge hanjelu, maenya 
sakola cape-cape jadi S-1 ti UPI  ari kudu buburuh nepi
 kasubuh kuli nepi kajanarimah, komo balik deui  jadi tukang ngored, atawa 
digawe dipabrik tinun nyambungkeun benang  pegat, atawa kudu namprak wae 
kakolotmah, antukna prustasi, atuh kitu  oge bakal ngakibatkeun prustasi, nya 
akibatna leuwih jauh kakurang  percayaan diri, anu leubih bahaya deui generasi 
anu dihandapna mumul  tolab ilmu, sabab ningali para seniorna lulus D3, S1 
atawa S-2 ngan  jadi penganggur atawa digawe di supermarket Alfa bagian memeres 
 dagangan dina rak.
   
  Naon  bahayana sakola paguron luhur tumbuh jiga sirung kacang, anu jelasmah  
kualitasna bakal ancur lebur. Mangga uningaan ku para  saderek, bisi pajarkeun 
abdi akon-akon, mangga arameng ka  daerah, tingali transfer pengetahuan model 
naon anu terjadi. Para  saderek pasti terang jiga kumaha hasilna engkena.
   
  Balik deui kana basa Inggris. 
   
  Sumber  ilmu pengetahuan nepi ka abad salapan masih dikuasai bahasa Arab, 
tapi  beuki turun, komo basa Andalusia di ancur leburkeun ku Europa di abad  
11, buku pengetahuan teh dibawa ka Inggris, ka Perancis jsb,  diterjemahkeun 
diditu nya beuki kadieu anu punjul jadi bangsa Europa,  atuh otomatis bahasana 
basa Europa, nya beuki kadieu diganti ku basa  Inggris sabab basa inggris 
tetela basa anu paling gampang sadunya,  dibanding jeung basa Arab, komo basa 
China mah. Atuh Indonesia mah pan  nepi ka ayeuna oge elmuna masih elmu 
turunan, artina hampir sakabeh  elmu anu dipelajari kuurang teh nya elmu anu 
sumberna ti deungeun,  kusabab kitu mahasiswa bakal leuwih hade lamun maca 
langsung tina  sumber aslina, lain tina diktat karangan dosena anu can pasti 
benerna.
   
  Sajalan  tina kitu, nyata yen basa inggris teh dipake oge kusakabeh industri  
naon we boh industri film, industri rekayasa jsb, antukna para  pelaksanana 
atawa buruhna daek teu daek kudu bisa make eta bahasa. Tah  ieu oge anu jadi 
alat kompetisi.Contona anu paling gampang, coba lamun  para sarjana di bandung 
anu ngaligeuh teh barisa basa inggris, atuh  minimal bisa ngumbara ka 
mancanagara jaradi tukang sasapu, jaradi  jongos di restoran , atawa jaradi 
montir mobil jsb, sabab di LN mah teu  aya pagawean anu hina, kabeh pagawe 
dihormat naon wae gawena, jeung  hasilna muncekil. Tinggali di USA pabalatak 
lulusan S-1 atawa S-2 anu  jaradi tukang koran atawa jongos direstoran, atawa 
jardi tukang ngurus  anu jompo. Ari anu memfasilitasi kemudahan kerja nya kudu 
pamarentah  atuh, tina bentuk bantuan kemudahan ngajieun paspor, ticket jsb.
   
  Cenah  aya dongen urang jepang teu bisa basa Inggris, asa helok nya, lamun 
teu  bisa basa Inggrismah Jepang moal boga Industri di Amerika, di Inggris,  di 
Australi  jsb. Malah ayeuna teh pesawat Boeing anu paling  anyar jangjangna 
dirancang bangun  jeung di wangun di jepang make  standard international basa 
inggris, atuh kitu oge abdi ngetik dina  laptop VIO centrino duo teh sakabeh 
tutorialna basa inggris.  
   
  Sabenernamah  lain basa inggrisna anu kudu di debatkeunanamah, tapi aya 
heunteu niat  urang sarerea ngamajukeun pendidikan, keur muka fikiran, atuh 
cenah aya  hiji pikiran ngadirikeun yayasan terus ngumpulkeun duit keur 
ngabantu  nyakolakeun anu teu mampu, eta meunang-meunang wae, tapi justru moal  
bisa nuntaskeun, sabab pendidikanmah tanggung jawab pemerintah/penguasa,  lamun 
pendidikan diserahkeun kamasyarakat hasilna jiga ayeuna  pendidikan jadi ajang 
usaha. Sakali deui jadi ajang usaha, pendidikan  mah hak sakabeh rakyat anu 
hirup diwewengkon Indonesia jadi kudu  dijieun murah lamun bisamah kudu gratis, 
artinya tia jelema boga  kesempatan anu sarua keur maju. 
   
   
  Note:
  Palay  terang abdimah atuh buka we data pribadi meuni sesah-sesah teuing, 
tapi  emut itu data pribadi, saur juragan kuncen itu menjadi rahasiah pan.
   
  Atuh upami alim maca posting abdimah, begitu aya ely evalita langsung delete 
we.
   
  Atuh  anu paling gampilmah, banned saja Ely Evalita, namung upami di banned  
etateh nunjukeun ciri jalmi sieun, nyaeta sieun ninggali batur anu  fikirana 
beda.
     
  Kang  Waluya, kang Boim, kang Iwan, Kang Sidik atuh ka sadaya para warga  
USNET  Cag sakieu heula tos tunduh yeuh, Insya Allah sanes waktos  disambung 
deui.
   
  baktosna
  Elly

   
   
   
  Bener bah..,
sok sanajan kuring oge kadang sok ngarasa panas ceuli ku postingan
teh/kang Ely jeung kadang oge sok aya nu kahartina tapi hanjakal
manehna teh leutik burih geuning teu wani terus terang saha manehna nu
sebenerna.
kaduana lamun postingan rek ngabahas hiji pasoalan ulah make conto
bari jeung nyebut ngaran batur komo nyontokeunana ku nyebut
kagorenganana (sok sanajan loba salahna jeung kanyataan).
rek ngabahas hiji pasoalan mah pek teh teuing tapi ulah bari
disamaraan/dibumbua n ku bari nyebut ngaran hiji baraya bari jeung
nyebut si A anu itu ieu tea, sabab ku nyebut ngaran batur bari jeung
nyebut si A anu itu/ieu tea eta can tangtu benerna jadi bisa disebut
gues su'udzon ngarana.

sok ah...! leuwih hadi terus terang heula saha anjeun nu sabenerna
ulah ngadon nyumput buni dinu caang ngarah puguh ka hareupna lamun
enya anjeun aya   kawani.
kuring yakin asma ely evalita lain ngaran sabenerna... .

cag ah....,




    
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.
      
                                    


Lygia Nostalina,SH  
Operational Manager Pacific Data network  
telp. 08179265770 office. 022-7835099 - 7810017  
www.pecintahujan.multiply.com  
www.pecanduhujan.blogspot.com
 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke