Wallah.....entong ditalaphunk atuh pih....abdi mah resep da' kana cariosan 
teh Elly teh....
sumpeh deh,suwer-suwer!! (bari ngacungkeun dua ramo ngabentuk huruf 'V')
Enya sabenerna mah anggap  wae sareng Rubrik Lenyepaneun...kanggo 
Introspeksi diri ka urang-urang....
Ceuk cenah da' emang leres lamun urang hoyong Maju mah kedah tiasa nampi 
kiripik...eh Kritik ti batur,
najan Peureus karaosna...
ngan syaratna we enya kedah Wawuh heula panginten, kedah wanoh heula gera 
sok teh/kang Elly na tong bisa
meureupan dina saku wungkul, meureupan mah tah dina hareupeun irung 
atuh....he...he....

soalna kieu, lamun jelema anu tos dipikawanoh, biasana sok rada 
dihampura...rek ngomong naon wae oge..
tong boro nu ngan ukur member, bet moderator anu cenah tukang leg-leg 
tukang cabok oge sok teu bisa nanaon ari ka jalmi anu dipikawanoh mah, 
ngan ukur bisa nyerengeh we....najan eta terang yen hal eta ngalanggar 
netiket atawa aturan suatu milis (jadi nyindiran sorangan ieu teh asana 
mah..eh ketang ari di GL aya pelanggaran teu nya? hihihi...)
matak ayeuna mah jalan na mah teh /kang Elly teh sina wawanohan heula we 
sareng baraya, kedah tiasa ngabuka dirina, SAHA sabenerna anjeuna 
teh....???sok gera Insya Aloh urang sadayana bakal tiasa nampi kana naon 
anu di pedar ku teh /kang Elly....
jeung Urang sadayana bakal terang Naon anu dipikahoyong ku teh/kang 
Elly,Urang sadayana Bakal terang Naon wae kontribusi nu dilakukeun ku teh 
/kang Elly kanggo ngamajukeun bangsa Urang teh, Urang bakal terang 
Prestasi naon wae anu tos di raih ku teh /kang Elly  teh.....
diantos teh/kang Elly kanggo Nunjukeun yeh Anjeun teh Naon? 
Saha?Timana?Kumaha?....

memang aya sababaraha anu matak teu matak panuju, teh/kang  Elly sok 
nyebut nami anu di contokeun ku manehna, bari teu apal saha eta Jalmi teh 
jeung kumaha?? anjeuna mah sok resep Ujug2 NUNJUK TARANG BATUR.....bari 
kanyataanna SALAH!
(ieu mah oleh-oleh kiripik kanggo teh /Kang Elly)he..he.....

Hapunten..!

cag ah,

-ts-



From: Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> on 03/26/2007 10:29 AM
Sent by: [email protected]
Please respond to urangsunda


To:     [email protected]
cc: 
cc:     (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC)
bcc:    Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC
 
Fax to: 

Subject:Re: [Urang Sunda] Re: Mending diajar basa Inggris tibatan diajar basa 
sunda


Sim abdi mah moal panjang-panjang mairanana
ieu milis diayakeun pikeun ngumulule kaSundaan, hartosna ;
- pikeun wargi Sunda anu reueus kana kaSundaanana,
- wargi/etnis non-Sunda anu hoyong Nyunda.
upami saderek Ely teu resep/prustasi janten urang Sunda/ijid ka Sunda, 
saena
kaluar we ti ieu milis, sa teu acan ditalapung ti ieu milis.

ssw

waluya56 [EMAIL PROTECTED]
Para kuncen ...kuring protes euy, sabab ELY EVALITA lamun posting
sok "dibumbuan" ku sebat-sebut ka baraya Kusnet (kaasup ka kuring) ku
istilah nu kurang merenah. Teu pantes, da heureuy oge aya dina
tempatna. Lamun arek padungdengan (diskusi), padungdengan we teu kudu
nyebut masalah pribadi sagala. Sabab teu adil, ari kuring, Ua Siddik,
Teh Ika jeung nu sejenna nu disebut-sebut dina postingna, teu make
aran samaran jeung deuih di dunya nyata, warawuh. Tapi ELY EVALITA,
saha manehna teh? nyumput make aran samaran? Teu lucu ah ....


Kirim email ke