Kapungkur abdi oge gaduh pamadegan kitu yen aksara sunda teh asalna ti akasara jawa malih mah kantos gaduh bukuna anu buhun buku sunda nu ditulis dina aksana cacarakan pikeun diajar aksara sunda van jawa nyaeta "Ngaraksa Pusaka Adjisaka" murni seratanana dina aksara cacarakan sadayana urutanana bleg aksara jawa lengkep jeung "tha" jeung "dha"
sapaarntosna kuliah nembe terang ti nu kuliah sastar sunda yen urang sunda oge boga huruf asli nu harita masih disebut huruf "paku" janten upami nyebat aksara sunda ayeuna mah kedah jentre nu dimaksad numana sigana .... On 3/31/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu buktos yen aksara Sunda teh aslina mah ti Jawa. Jadi Sunda nu ngaadopsi ti Jawa. Aksara Jawa aya 20 hurup, nyaeta: Ho No Co Ro Ko Dho To So Wo Lo Po Dho Jo Yo Nyo Mo Go Bo Tho Ngo Dususun 5 5 janten 4 baris, ieu teh teu sambarangan.... aya hartosna mun dina basa jawa mah. Mun teu lepat mah kieu hartosna mun disundakeun unggal barisna (punten panglereskeun upami lepat) Aya Dua Ksatira Tanding di Pakalangan Sami Digjaya na Duanana Tiwas ngababatang. Sedengkeun hurup sunda sami eta eta keneh, ngan dikirangan 2 hurup nyaeta: Ha Na Ca Ra Ka Da Ta Sa Wa La Pa Ja Ya Nya Ma Ga Ba Nga Sejarahna mah sim kuring teu terang, kumaha kronologisna. Kang Santosa. **

