Sae Kang, tah upami aya tumbuna komo aya sajarahna mah ceuk pamanggih abdi
langkung sae dipedar. Supados urang sadayana pada terang sareng tiasa janten
pieunteungeun kanggo kapayunna. Sapertos babasan(istilah) peuyeum ball,
Eunteung Beureum sareng nu sanes-sanesna deui, komo nu rada kaambeuna "rasis"
mah, urang janten terang jujutanana.
Upami teu lepat saur Pa Ayat sareng Pa Edi budaya luar anu gede pangaruh di
Tatar Sunda teh nyaeta Arab, Jawa sareng Walanda urutanana. Janten, leres
pangemut Akang ilahar budaya hiji bangsa ka pangaruhan ku budaya deungeun, komo
deui budaya Jawa.
Diantos pedaranana & haturnuhun,
porenges
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna mah, masih aya tumbuna (sambunganana)
pernyataan kuring eta teh. Aya "sajarah masa lalu" anu
ngahaja di "kelirumologi" kan (nyandak istilah ti Kang
Jaya Suprana, juragan jamu Jago. Kelirumologi ieu,
janten hiji hal anu ngabalukarkeun halangan pikeun
"mengeksplorasi" budaya Urang Sunda. Saolah-olah
Sunda "dihandap" kakawasaan budaya Jawa. Padahal mah
dina perkara aspek budaya, tos ilahar upama aya
pangaruh ti luar budayana sorangan. Sareng deui, dina
perkara budaya mah teu aya hiji budaya leuwih agul
batan budaya sejen, tapi tingkatna teh sajajar. Siga
kelirumologi anu ayeuna mahabu di masyarakat. Budaya
Barat leuwih Unggul batan Budaya Timur.
Sikep jiga kieu ceuk kuring mah anu tiasa ngarusak ka
diri sorangan.(punten ah, ieu pendapat pribadi kuring,
tos pasti aya kaliruna).
baktos,
mrachmatrawyani
--- brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kuring boga rarasaan, upama aksara Sunda asalna ti
> Jawa, asana teh diobrolkeunana jiga anu "ijid'
> pisan,
> sarwa negatif, heunteu PD alias ngarasa "inferior".
> Naha rarasaan ieu teh leres kitu?
>
>
> Ceuk kuring mah teu kudu ngimpleng kitu, Kang!
> Komo "nuding" ka batur mah boga sikep kitu mah,
> langkung sae sigana mah mun urang nempo tina "gaya"
> masing2 jelema dina ngebrehkeun pamadeganana atawa
> pamanggihna kana hiji pasualan. Langkung punjul mah
> panginten lamun urang mere katerangan jujutanana,
> naha diantara urang boga pamanggih sapertos kitu.
>
> porenges
>
__________________________________________________________
Food fight? Enjoy some healthy debate
in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367
---------------------------------
Get your own web address.
Have a HUGE year through Yahoo! Small Business.