Eta numutkeun JK. Upami numutkeun juru bicara orang Walanda, henteu terang tah
namina, tapi anu pasti sanes sodara Iza, jigana kelir mah aslina tina basa
Walanda atanapi basa Ingris.
Color dina basa Inggris disorakeunnana kaler caket pisan kana sora kelir.
Jalaran kitu, wajar upami talaga warna henteu keresaeun digentos janten talaga
kelir. Oge guru ngaos pribados waktos alit dipaparin jenengan Suwarna sanes
Sukelir. Heu heu heu. Leres kitu?
Pun Asep
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tengkyu sister,
Menurut Aa JK, apa yang disampaikan oleh dek Olga, eh maaf, teh Roro, relevant
dan significant.
Salamna,
Pun Asep
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng wayah kieu Kang Asep
Alhamdulillah, nuhun pujiannana
hanjakal teu
gaduh receh, geblegan keneh saageung panto
kaleresan guntingna ledu deuih
heheh..
Kecap warna, saketerang abdi dina basa Sunda teh kelir. Da sok emut pami di
lembur, pun eyang pami nyarios teh kieu,Lawon keur kaputeun teh nu kelir hejo
bae, tong nu beureum
meh lungguh (maklum eyang abdi mah teu resepeun warna
genjreng nu matak serab kanu soca).
Tapi nembe ditoong dina kamus basa Sunda Tatang Sumarsono (ngahaja disimpen
di kantor piparantieun noongan nu teu ngartos heheh) yen kelir = sketsel,
layar wayang kulit, ngelir = lurus. Emut waktos SD kapungkur pami ngelir teh
nyaeta ngawarnaan. Janten bingung mana nu leres
ah, panasaran keneh, milari
kana kamus on-line, eh diblok
hiks
Pami ditengetan mah seratan Kang Asep perkawis ngagolongkeun warna, saur JK
tea mah,sangat relevan dan signifikan heheh
Mangga baraya nu sanes bilih
bade aya nu nambihan, sok geura kapayun
.
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/02/07 01:05AM >>>
Wilujeng wengi teh Roro,
Meni jangkis (eh jangkdut kitu?), kumargi seueur gizi dina katuangannana
panginten. Sareng solehah. Memang agami (sareng olah ragi) kedah dicepeng,
he heh..
Wangsul ka perkawis warna, kumaha kacindekannana? Tiasa henteu upami
dicindekkeun yen dina basa Sunda:
Warna dibentenkeun tingkat kejeroan (kedalaman) warna (basa sains-na
hue), aya warna kolot sareng warna ngora (atanapi warna panas sareng
tiis).
Hejo lagedod vs hejo daun (hejo tikuda);
Beureum euceuy
Warna dibentenkeun tina tingkat seueurna cahaya (contrast):
Bodas nyacas
Hideung lestreng
Warna oge dianggo dina ungkapan.
Hejo carulang
Koneng umyang
Bodas ngeplak (bodasna rata)
Hejo ngemploh (hejona rata?)
Hideung cakeutreuk (hideung + kotor)
Bilih aya anu kakantun atanapi kalepatan dina kasimpulan ieu, mangga tambihan
atanapi lereskeun ku teh Roro sareng para pamiarsa sadaya.
Salamna,
Pun Asep
---------------------------------
Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.