Tambah lieurrr jeung kacao geuining sistem di urang mah, geus puguh pak Inu
teh jalma jujur tapi geuning jadi nanggung akibat tina
kajujuranana....beu....ehmmm..
maju terus pa Inu...! ulah kapalang sok urang buktikeun di pangadilan...naha
hukum bisa mere kaadilan pikeun wargana nu jujur...prung ah....!!! (kuduna
mah urang depdagri teh era nya....)

geuslah bubarkeun atawa ganti sakabeh sistem militer di IPDN ku sistem sipil
anu wibawa jeung ganti tur hukum sakabeh pimpinan nu aya di IPDN
ayeuna......(wani teu nya juragan SBY.....nindakna...???)

"kkbm'69"


On 4/9/07, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Koran-koran poe ieu jeung MetroTV, ngabejakeun yen Inu Kencana, dosen
IPDN
anu paling wani nyaritakeun aya panyiksaan di IPDN, dipariksa (di
Investagasi) ku team ti Depdagri jeung teu meunang ngajar di IPDN. Inu
cenah
kamungkinan rek dibere sanksi, kulantaran muka kagorengan IPDN. Teu
tibalik
ieu teh kitu? nu kudu dipariksa jeung dibere sanksi teh lain Pak Inu, tapi

eta pimpinan2 IPDN. Kunaon tepi aya kajadian deui, mahasiswa maot disiksa
ku
mahasiswa deui. Padahan Pimpinan2 IPDN ieu teh nu ngaganti pimpinan2 STPDN

di taun 2003 waktu kasus maotna mahasiswa ti Jabar, Wahyu Hidayat.

Waktu kasus wafatna Cliff mimiti kaambeu ku wartawan, urang IPDN malah
nyumputkeun kasus ieu, pajarkeun teh cenah Cliff boga panyakit lever bari
ditambahan kolotna Cliff teu ngijinkeun otopsi kana mayit Cliff. Geus
kitu,
nu paling "parah", mayit Cliff disuntik formalin. Hiji tindakan anu
nyurigakeun, sabab lamun disuntik formalin, bisa "nyamarkeun" sababna
Cliff
maot.

Kacida teuing euy. Watir ka mahasiswa IPDN nu jadi "korban" ku sistem.
Enya,
korban sistem, boh nu maot/ nu kabur kulanataran teu kuat disiksa atawa nu

ayeuna keur unggah bale watangan (pangadilan) kulantaran nyiksa. Geus we
lah
bubarkeun we ....hukum tah pimpinanana, lain mahasiswana wae ......

Baktos,
WALUYA
[Nu kungsi nempo kumaha sedihna kolot Erry Rahman mahasiswa IPDN nu maot
disiksa di taun 2000, di RS Islam Bandung]

Kirim email ke