anu sim kuring terang mah,
A. critical/starting point-na
1) kapungkurna rada sering terjadi keributan antara taruna
   STPDN sareng taruna AKABRI. Karena STPDN seringnya
   kalah, hal ini dimaklumi karena sistem latihan fisik di ABRI
   tangtu jauh lewih beurat jeung berbobot, da piraku jang
   perang dilatihna nenggeulan peyeum. Jadi sanajan disiksa,
   ditenggeul ku pohpor (beubeur ABRI), malah ku pakarang
   M-16 (sanjata laras panjang semi otomatis) tangtu lolobana
   mah karuat, da dilatih fisik beurang peuting, estu matak
   awakna tareuas, ambeh jiga satria pandawa kabeh; otot wesi
   tulang waja.
   Jadi, akibat kaributan antara dua institusi ieu anu salah sawiosna
   jadi awal perubahan di STPDN (IPDN baheula). Kekerasan dan penyiksaan
   dimulai dari senior2 anu baretona sering raribut jeung institusi2 lain
   anu sarua carepak (AKABRI, Akademi Pelayaran, jsjb). ngan ganti baju
   wungkul.

2) Praktek legitimasi senioritas anu kaleuleuwihi. Doktrin2 senior anu
   bener wungkul, teu meunang dilawan, kudu dihormat dimana wae, tapi
   dihormatna teh lebarna lain ku karna pangartina senior, lain ku karena
   leuwih kolotna senior, tapi teu leuwih ku karana sieun...lolobana karna
   eta wungkul.
   Beh dituna deui, mun aya anu "ngarusak", "ngoyag2" kana peraturan,
   nilai2 anu geus dijieun ku senior (lolobana paraturan leutik2) ieu bakal
   DITINDAK.
aya anu ditindak olahraga, tapi aya oge anu ditindak fisik (digebugan, dijejeuk, dikereum, ditalian, disiksa, dikeueum dina bak, disetrum), ieu nu kuring nyaho sabab dialaman ku jaman rama sim kuring, oge raka 2, sareng ipar 1 nuju janten
   taruna AKABRI. Janten carita kieu teh aya dumasarna.

3) Praktek2 kitu teh bisa jadi awal malapataka nagri urang. Ku sabab seuseurna lulusan ti dua institusi ieu janten Pamimpin di regional wilayah dugikeun ka pajabat Tinggi nagara. Kusabab dilatihna mimitina anu diudagna teh "pangakuan" / legitimasi, sapertos anu kusabagian gede ti manehna geus biasa jadi senior anu kudu dipikasieun, dipikahormat. Tapi teu sakabeh mental tarunana jadi kitu. Aya anu berubah jadi calon Pamingpin anu bener2, sanajan leuwih loba anu jadi matak kacau. Anu ku simkuring katinggal mah, anu taruna na ti urang sunda mah kabeh dieukeun, nincak janten perwira seueur nu babalik pikir, jadi saladrah. ieu dumasar kana seueur sakeudikna ditaliti ku sim kuring tina ngobrol2 sareng rencangan raka, rama. Matakna MEUREUN jarang tungtungna ti urang sunda lulusan2 AKABRI/tangtara atawa pejuang perang anu janten pamingpin2 urang, aya oge sababaraha hiji... tapi jadi pamingpin anu Hade, wanian, wani ngalawan pamarentah, wani kusabab
   bener tea. tiasa ditingali contohna :
Moh. Toha, Bp Ali Sadikin, Bp.Ibrahim Ajie, Umar wirahadikusuma, Herman sarensudiro (tasik),
   Noh Danubrata, jrrd.
Masalah2 diluhur ieu tiasa ngembet kana perilaku kapamingpinan anu sanesna, dina
raraga ngadegkeun "Pangakuan" aranjeuna.
Duh...ieu teh diwagel pisan ku jungjunan urang teh, "kaAku2an". paingan janten sumberna
masalah oge di dunya keneh.
Matak ceuk para sesepuh, kiai2....ulah jadi aparat nagara, jang...bisi moal "tepi" kana ma'rifat. heueuh da gogodana luar biasa...nyangkut hajat hirup jelema loba...kabayang amun nyieun dosa ngan saukur menta hampura dina TV, pan kuduna mah urang nyieun kasalahan ka sasama jalmi teh, menta hampura ka jinisna anu geus kanyeunyeurian ku urang. Piraku diborongkeun kitu... nya pasti wae anggeur aya kukulutus, ngabageulna...berarti teu ridho tah...
wah...cilakaa...cilakaa...
tapi lamun jadi pamingpin anu bener2...waah...kacipta jeung urangna ge geugeut,meumeut,deudeuh pisan ka eta pamingpin, jeung pasti eta pamingpin jaminan anu baris SALAMET ti mimiti.

mangga bilih aya anu ngalajeungkeun tiasa nambih "alternatif solusi"tina ieu sabab2...

hatur salam,

Jaka Agung.

Kirim email ke