deudeuh teuing.. karunya nya si ebiet.. laguna dibajak jadi mp3.. naha laguna 
tos janten 'open-source' kituw?

punten ah, sanes maksad bade idealis, mung pami kenging masihan 'saran' mah 
pami bade ngabajak teh sing tiasa milih, ulah nu dulur urang sorangan, ari 
ngabajak jieunan -misalna- biII gate$, nya kop teh teuing lah da geus beunghar 
ieuh tina MoU jeung pamarentah indonesia oge.

sakali deui, punten ah, sanes mamatahan ngojay ka meri.. paralun..


salam,
iwan


On 4/8/07, tantan hermansah wrote:


Leres. Diantos, kumaha carana. Abdi kedah ngirim fals disk? 
Wah atos pisan yeuh...!

baktos
Tantan


On 4/7/07, nandar trinanda < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
  ebiet beat a teh aslina mah urang rancaekek, lagu-laguna seueur nu nganggo 
basa sunda sanes ngan eta hungkul..malahan mah kantos duet sareng ten 2 five, 
ngan nu eta mah nganggo basa perancis, da anjeunna lulusan stba jurusan 
perancis..kantos oge tampil sareng raihan..kang tantan peryogi mp3 na? 



  On 4/4/07, tantan hermansah < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

    cik aya MP3 bajakana teu. Ngadonload lah... Hayang ngarenge. 

    kirim japri we ka kuring Urang Subang! Alus sigana mah.

    tantan 

     
    On 4/3/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote: 
      Siiiiip lah!

      : boedax angon: : Sun Apr 1 19: 11: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL 
PROTECTED];;;;;, ":: boedax angon ::" <jajaka_subang@ yahoo.co.uk> wrote: 

         
         
        Saha ngaran maneh saha ? imah dimana
        Saha ngaran maneh saha ? .....
         
        Eta lirik teh nyutat tinu tembang Ebiet. Panginten loba oge nu kungsi 
ngareunge lirik eta lagu nu sok diputer di radio-radio swasta di tatar-sunda, 
tiap poe pasti wae aya nu ngarequest lagu eta.  Komo deui keur barudak ngora 
mah eta lagu teh keur "trendi" atawa basa legegna mah hype.
         
        Nang sakaol deui naha Ebiet wae nu trendi Lagu Sunda teh panan loba 
keneh lagu Sunda deui kawas, Darso, Doel Sumbang, jrrd. Nya ari Ebiet teh hiji 
lagu nu ngandung aliran HIP-HOP nu keur haneut-hanuet kiwari. Jeung deui naha 
geuning tuturut munding miluan budaya Batur , panan HIP-HOP teh ti luar negeri. 
Nya mun tea mah HIP-HOP teh laguna kaum black di nagara Amerika , jeung deui 
ieu lagu teh loloban sok silih nyindiran, ledekan atawa ceuk basa legegna mah 
Battle tea. 
         
        Keun weh ari aliran HIP-HOP na mah sanajan ti luar nageri, tapi 
geuningan aya keneh barudak Ngora nu reues keneh kanu Basa Sunda nu di 
terapkeun dinu laguna. Nya panan ngarikasa basa Sunda teh tiasa wae tinu widang 
musik samodel HIP-HOP. Mun ngomong HIP-HOP teh, baheula di ngetrenan ku Kang 
IWA   K tea , laguna nu katelah BATMAN Kasarung, nu lirikna "sarena 
beurang-beurang, kakalayangan ti peuting Batman Kasarung come on, leumpangna 
siga jagoan aya anting di kuping Batman Kasarung come on ". Sanggeus jamanna 
IWA K rada ngereleup tah aliran HIP-HOP , da ceuk cenah ieu aliran HIP HOP teh 
ngan saukur Hype na leuwih ti lima tahuanan, karek hype deui. Laju weh tahun 
98-an aya group HIP-HOP deui, keur jaman eta mah disebutna Pesta Rap, aya hiji 
group Hip-Hop nu aya sunda an nyaeta diarananan Sound Da Clan. 
         
         Tah kiwari Hip-Hop teh keur hype deui, komo basa Ebiet ngaluarkeun 
judul lagu nu diaranan Saha ngaran Maneh, laju weh aya deui group deui nu nga 
battle Ebit nu judul laguna Lebok Siah, cek cenah mah eta lagu teh keur 
nyindiran Ebit ngeunaan laguna malahan lagu ieu teh kungsi jadi lagu hit di 
radio-radio swasta Bandung, aya deui group Hip-Hop teh nu ngamumuleu deui basa 
Sunda nyaeta Kung Pow Chicken, dina hiji laguna aya lirik nu hade pisan didinya 
si Kung Pow Chicken teh make lagu sunda nu lirik na teh "Bang kalima-lima 
gobang bang bangkong tengah sawah wahai tukang bajigur .." ieu lagu dipake keur 
battle dicaritakeun ku manehna. 
         
        Kiwari Hip-Hop Underground keur mimiti hirup deui, samodel AK27 nu aya 
judulna "Patriot Sunda Ceria", nu lirikna teh kawas kieu " .. ceuk saha HIP-HOP 
Underground teh geus pupus, cing mangga dangukeun hiji tembang perjuang keur 
pertahanan sanes penyerangan ...", didieu AK27 atra pisan make sunda dinu lirik 
na teh, malihan mah ayta deui lirik na teh nu matak nyeureud hate "..dengarkan 
kami HIP-HOP Underground distrik Dataran Sunda .." , aya deui hiji group 
HIP-HOP Underground teh nu make lirik Sunda nyaeta Project Family nu judulna 
Sukabumi – Bandung, didinya oge aya lirik nu make basa sunda nyaeta "..Bandung 
jeung Sukabumi ayeuna geus ngahiji nyatukeun visi jeung misi ngadeudgeun 
pangarti teu aya lian teu aya sanes nyambungkeun tali silaturahmi. .. ", mereun 
aya keneh group HIP-HOP boh nu nganggo merek Major Label atawa non major label 
atawa underground tea nu marake lirik Sunda, ngan dasar urang Sunda ditungtung 
lagu teh atawa di tengaha atawa mimiti lagu teh sok aya wae hereuyna kawas 
laguna si AK27 di tungtung laguna ".. geus lach gandeng-gandeng bau beul .. 
naon ach", jeung laguna panutup Project Familiy nu judulna Bandung Sukabumi " 
.. gandeng-gandeng ka tatangga.." Tah ceuk saha basa sunda bakal musnah teh 
geuningan aya keneh nu micinta basana sok sanajan di larapkeun kanu lagu 
HIP-HOP oge. 
         
        "iraha wae andika tandang makalang,
        ulah poho kanu purwadaksina,
        sabab dinu kiwari ngancik bahari, 
        seja ayeuna sampereun jaga" 
         
        cag ach 
        Yayan Mulyana
        www.geocities.com/jajaka_subang 

------------------------------------------------------------------------
        Inbox full of unwanted email? Get leading protection and 1GB storage 
with All New Yahoo! Mail. 





--------------------------------------------------------------------------
      Don't pick lemons.
      See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos. 


--------------------------------------------------------------------------
      8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
      with theYahoo! Search movie showtime shortcut. 










    -- 
    tantan hermansah
    www.tantanhermansah.co.nr

    "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
    --siliwangi-- 







-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--  

Kirim email ke