lain nganjuk deui.. duitna nu aya rek digolangkeun heula keur meuli onderdil.. sugan we anakan.. heu heu...
Kang Tantan de nyumbang ? nya pasti atuh nya... ke ku abdi dikintun nomer rekeningna nya.. okeh ? -dul- --- In [email protected], "tantan hermansah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Naha jugaran onderdil dianjuk? > > hehe > tantan > > On 4/16/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. > > > > Baraya Kusnet sadaya, > > Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten Saptu, ping 14 April 2006 di > > bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah > > parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon. > > > > Anu sumping dina ieu acara diantawisna : ------------------------ ---- > > - Kang Maman Gantra > > - Kang Hendri Epson > > - Kang Toni Sofyan > > - Kang Badrudin > > - Kang Syam "Keom" Ridwan > > - Kang Surya > > - Kang Iim > > - Kang Kamal Idris > > - Kang Irpan > > - Kang Eddy > > - Kang Hasbi > > - Kang Ethome > > - Kang Rifky > > - Kang Ikmal > > - Kang dikdik > > - Kang Nanang > > - Teh Gia Mattel > > - Teh Eeya Indri > > - Teh Silvie > > - Teh Yani > > - Teh Sari > > - Teh Lidya > > - Teh Indri > > - Teh Elis > > > > Kagiatan / Acara : ---------------------------------------------- --- > > > > Silaturahmi, silih ngawanohkeun sareng sosonoan; > > > > Ngobrolkeun ngeunaan Halal Bihalal taun 2007, diantawisna : > > > > *PANATA CALAGRA HBH 2007* > > Panata Calagra parantos ditangtoskeun, samentawis : > > - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja van Seoul > > - Penasehat : Kang Nanang & para sesepuh Kusnet > > - Pupuhu : Kang Iim > > - Wakil Pupuhu : Kang Toni Sofyan > > - bendahara : Teh Imas Mustakim > > > > seksi-seksi sanesna, bakal ditangtoskeun deui. > > > > Ka baraya disuhunkeun rido galihna, bilih ditunjuk tarang > > tanapi ditunjuk tonggong, mugia kersa. Etang-etang ibadah, > > nyumbang tanaga, keur sunda sareng kasundaan... > > > > *PATEMPATAN HBH 2007* > > Aya tilu pilihan anu baris dipertimbangkeun : > > 1. Dago Resort > > 2. Hotel Bumi Kitri Cikutra > > 3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor > > > > ayana usulan sareng tawisan ngayakeun HBH Kusnet di Unpad, manawi > > kedah dipertimbangkeun heula efekna kanggo Kang Ganjar nyalira. > > (punten, ieu mah ceuk Kang Nanang) > > > > *W A R A G A D* > > Waragad keur HBH teh kacida ageungna. Rereongan yu ? > > kitu ideuna nu mucunghul basa Kopdar kamari teh. > > Kukituna, nu haladir dina acara Kopdar kamari parantos sapuk > > baris nyumbang kanggo kagiatan ieu. > > > > Anu parantos sayogi bade nyumbang teh diantawisna : > > - Kang Maman Gantra : Rp. 250.000 > > - Kang Hendri Epson : Rp. 200.000 > > - Kang Toni Sofyan : Rp. 100.000 (Lunas) > > - Kang Badrudin : Rp. 100.000 > > - Kang Syam Ridwan : Rp. 100.000 (Lunas) > > - Kang Surya : Rp. 200.000 > > - Kang Iim : Rp. 100.000 > > - Kang Kamal Idris : Rp. 200.000 > > - Kang Eddy : Rp. 100.000 > > - Kang Hasbi : Rp. 100.000 (Lunas) > > - Kang Ikmal : Rp. 200.000 > > - Kang Dikdik : Rp. 100.000 > > - Kang Nanang : Rp. 100.000 > > - Teh Gia Mattel : Rp. 200.000 > > - Teh Eeya : Rp. 100.000 > > - Teh Silvie : Rp. 100.000 > > - Teh Indri + Elis : Rp. 100.000 > > > > Alhamdulillah dina catetan, dina riungan Kopdar kamari parantos aya > > Rp. 2.350.000 (Dua yuta tilu ratus rebu lima puluh rebu rupia). > > > > punten, ieu mah sanes maksa, tapi estu ku kasadaran yen HBH teh > > memang gaduhna urang-urang keneh. Ti urang, ku urang, oge keur > > urang. Urang kedah ti ayeuna ngabiasakeun rereongan, meh teu karaos > > beurat. Samampuna, satiasana. sa-ihlas sareng sa rido-na. > > > > Baraya nu sanes, ku sim kuring barade di japri, bilih aya nu barade > > nyumbang. Tapi pami moal nyumbang oge henteu sawios-wios. > > > > PANGEUSI ACARA HBH > > Bilih baraya Kusnet aya usul, boh acara bakti sosial, kasenian tanapi > > naon wae, mangga... > > > > -------------- ........... > > > > Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas sakulawargi anu sakitu > > direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng > > katuangan sakitu raosna. Mugia sagala kasaeanana dijantenkeun amal > > soleh. > > > > Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh > > dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti > > Bekasi, ti Bogor. Sim kuring, atas nami Sohibul bait Nuhunkeun > > dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi > > sadayana tiasa ngama'lum. > > > > Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng ngintun SMS, > > merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping. > > > > Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar > > anu bade dongkap tiasa > > > > Manawi sakitu pedarana kagiatan Kopdar teh, kirang langkungna > > nuhunkeun dihapunten. > > > > Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh > > > > -Ndoell- > > tukangwawar > > > > > > > > > > -- > tantan hermansah > www.tantanhermansah.co.nr > > "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!" > --siliwangi-- >

