Kahatur saderek MSasmita,
  Tah geuning nyanggut useup teh. Nya tangtos yuswa ayi oge tiasa kalebet 
sasama, mung kanggo info wae, danget ieu sim kuring tos nincak umur 68 taun, 
kalahiran 31 Maret 1939, domisili eh padumukan di Jakarta tapi sering oge ka 
Bandung, margi pun bojo urang Bandung , abdi urang Taskmalaya. Perkawis anu 
disebatkeun" Sunda sareng teknologi " oge nyambung, margi sim kuring kantos 
icikibung dina teknologi, khususna teknologi Komunikasi elektronika. Namung ari 
karesep mah teu kauger ku teknologi wungkul aya oge anu sanesna, antawisna 
basa, budaya, kalebet sajarah , atuh kana maos mah kareseo oge. Saheulaanan 
sakieu heula,
   Baktosna DP.

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Duka nya upami si kuring nu umur kakara 56 taun tos lebet kana 
"sasama" kitu..?
  Pa Djaka, sim kuring teh muka Rumah Baca Buku Sunda di rorompok, bilih bade 
rurumpaheun ameng mangga diantos, urang ngadu bako perkawis Sunda sapuratina.
  Bade ngobrolkeun Sunda sareng Teknologi oge mangga, sugan we kabadanan, atuh 
upami teu kabadanan nya panginten urang sami sami mulungan luang we tina 
daluang (keretas) ma'lum sim kuring mah tukang ngajejer-jejer buku Sunda. Buku 
Sunda di sim kuring teu acan seueur, kirang langkung mung 5000 judul mah aya, 
eta ge sanes basa Sunda sadayana, aya basa Indonesia, Belanda, Inggris, 
Perancis, mung tetep ngeunaan Sunda.
  Punten ah bilih teu nyambung....!!
  Aeh muhun artikel sim kuring dimuat dina Cupumanik sasih Mei ayeuna, file-na 
ditangkodkeun didieu.
   
  Alamat sim kuring
  Perumahan Margawangi
  Jl Margawngi VII No.5
  Margacinta Bandung 40287
  Tlp 022-7511914
  email : [EMAIL PROTECTED] 
   
  MSas
  Kuncen # 2 Kusnet, Pangsiunan Telkom (kuricakanana)
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Djakaria Purawidjaja 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, May 02, 2007 8:33 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama
  

    Nu dimaksad teh saperti dina friendsters naha aya anu sasama, ngarah rada 
nyambung. DP.  

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       haturan ki Djakaria. punten 
ngaakikeun. da simkuring mah asup ka kategori sapertilu tungtung 20-an taun 
keneh ;) jeung punten deui upama basa sikuring cologog. cek batur mah malah 
basana kasar cenah, lain embung make basa nu cenah lemes. lain embung deuih 
ngahurmat saluhureun, komo ieu pantaran aki kuring ku basa nu lemes. ieu mah 
ukur sakabisa kuring pikeun kampanye teu kudu era make basa nu cenah loma. 
sikuring sering pisan, boh di dieu atawa di tempat sejen, maca jeung ngadenge 
cenah era make basa sunda, sieun kasar. nya di dieu, di dunya maya pisan cek 
sikuring tempat nu merenah pikeun miceun eta kasieun. di dieu urang teu bisa 
nembongkeun kakolotan umur urang jeung batur ngobrol urang. di ieu tempat mah 
umur geus teu jadi variabel nu penting, malah geus bisa disieuhkeun pisan. 
najan sikuring can bisa konsisten. komo lamun nu diajak gunem catur di ieu 
milis kungsi paamprok di darat. 

tah bisi sikuring salah harti. simkuring teh can tiasa nangkep naon 
nudipikahoyong ku aki. maksudna misah-misah dumasar umur teh kumaha? 

nuhun jeung hampura saacanna

dh

  On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
  Ka urang Sunda,
  Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu marunel ti urang sunda 
group. Jadina bisa nyaho kana perkembangan masyarakat urang sunda dina danget 
ieu. Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy dimontor, malah sakali 
kalieun tangtu milu ngalokan anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang 
kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur. Kumaha aya rencana milah 
milah tapi lain hartina misah misah? 
  Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah informasi, sim kuring tos 
lebet kana " the fading generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika 
"ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas umur 65 - 70 taunan, naha aya 
katagori ieu? Wass DP. 
  
  
---------------------------------
  







-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com   



    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

  

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke