Pan dina Kompas oge, aya artikel yen Sunda teh jijieunan Walanda ...hehehe. Ngan masalahna nu nyebut Sunda teh anyar, kudu bisa ngabuktikeun oge anyarna teh ti iraha jeung daratang timana? Sakanyaho kuring, basa Sunda teh dipake ampir di sakuliah Jawa Barat jeung sabagian leutik di Jawa Tengah.
Kunaon Serang, Jakarta, Indramayu jeung Cirebon henteu make Basa Sunda, sajarahna natrat jeung jelas pisan. Daerah-daerah eta sajarahna kungsi dikawasa ku pangawasa nu lain asli urang Sunda, maklum daerah Pantura, nu gampang diakses timana-mana. Akibatna masyarakatna jadi campur. Tapi kuring yakin baheulana mah eta teh asup ka daerah Sunda. Bukti sejenna, yen sunda geus heubeul, urang-urang bule nu mimiti datang ka Nusantara, ngagunakeun kecap sunda keur naon wae nu kapanggih di kep. Nusantara ieu. Nempo pulo-pulo, disebut kepuluan Sunda (Besar, kecil), nempo fauna, ditambahan "sondaicus". Ngaliwat hiji selat, disebut selat Sunda ..jrrd. Jadi "sunda" geus jadi kacapangan di abad ka 14-15, tepi ka bule petualang oge pipilueun. Ceuk kuring mah, cik para ahli teh nalungtikna sing bener lah, kaditu kukurubutan ka sakuliah tatar Sunda, ka suklak-siklukna, ulah ukur study dina meja jeung ukur macaan buku! Baktos, WALUYA [Nu keur panas ceulina] --- In [email protected], "tantan hermansah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > 1. Ieu memang kudu debat panas, ceuk kuring mah. Panegesan maranehna yen > Urang Sunda mung aya di wewengkon priangan plus saeutik. Urang Cirebon jeung > Banten, mun titinggalian manehna LAIN URANG SUNDA. > 2. Sajarah ngenaan hurup sunda anu sering diposting kang Oman. Ieu debatable > pisan. Tah Kang Ayang nunjukkeun bukti-bukti kasajarahan yen satemenna, ceuk > kasarna mah, Sunda teh teu aya atawa mun aya oge anyar pisan.... > 3. ...duh hilap deui... > > Kumaha Kang Rahmat, aya celah teu di Forum UI. Ulang tanggap ieu jelema!!! > Baktos > Tantan

