Malah upami ngarujuk kana prasati Kebon Kopi II anu diserat dina aksara Jawa 
Kuna sareng basa Malayu Kuna, buktos ayana raja Sunda henteu tiasa dipungkir. 
Numutkeun ata prasasti, taun diseratna prasasti teh dina taun 458 Saka (taun 
500 masehi). Sanaos aya anu nafsirkeun taun prasasti teh taun of 854 Saka (932 
Masehi), tetep we Sunda teh langkung ti heula ti kerajaan-karajaan sanesna 
kalebet Majapait, komo deui karajaan Banten mah.


Sapuk ka nu didugikeun ku bah Waluya, waktos urang Eropa dongkap ka pulo Jawa, 
karajaan Sunda kacatet ku aranjeunana. Rekaman / catetannana abadi duki ka 
ayeuna. 


Upami sumber sejarah anu dianggo nalungtik ku sakadang calon dokter sajarah ti 
Perancis teh sapotong-sapotong, ngan dumasar catetan saatos abad 15-an, nya 
moal kapendak info Sunda.


Abdi mah sangsi kana kualitas doktor sapertos kitu teh; abdi mah langkung 
percanten ka Dr. Edi S. Ekajati, Dr. Ayat Rohaedi, sareng anu sanesna anu 
ngagunakeun sumber primer anu tiasa dipercanten.


Salamna,
Asep





brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Ngacung ah!
  Satuju pisan....
   
  porenges

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Pan dina Kompas oge, aya artikel yen Sunda teh jijieunan 
Walanda ...hehehe. Ngan masalahna nu nyebut Sunda teh anyar, kudu 
bisa ngabuktikeun oge anyarna teh ti iraha jeung daratang timana? 
Sakanyaho kuring, basa Sunda teh dipake ampir di sakuliah Jawa Barat 
jeung sabagian leutik di Jawa Tengah.

Kunaon Serang, Jakarta, Indramayu jeung Cirebon henteu make Basa 
Sunda,  sajarahna natrat jeung jelas pisan. Daerah-daerah eta 
sajarahna kungsi dikawasa ku pangawasa nu lain asli urang Sunda, 
maklum daerah Pantura, nu gampang diakses timana-mana. Akibatna 
masyarakatna jadi campur. Tapi kuring yakin baheulana mah eta teh 
asup ka daerah Sunda.

Bukti sejenna, yen sunda geus heubeul, urang-urang bule nu mimiti 
datang ka Nusantara, ngagunakeun kecap sunda keur naon wae nu 
kapanggih di kep. Nusantara ieu. Nempo pulo-pulo, disebut kepuluan 
Sunda (Besar, kecil), nempo fauna, ditambahan "sondaicus". Ngaliwat 
hiji selat, disebut selat Sunda ..jrrd. Jadi "sunda" geus jadi 
kacapangan di abad ka 14-15, tepi ka bule petualang oge pipilueun.

Ceuk kuring mah, cik para ahli teh nalungtikna sing bener lah, 
kaditu kukurubutan ka sakuliah tatar Sunda, ka suklak-siklukna, ulah 
ukur study dina meja jeung ukur macaan buku!

Baktos,
WALUYA
[Nu keur panas ceulina]


--- In [email protected], "tantan hermansah" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 1. Ieu memang kudu debat panas, ceuk kuring mah. Panegesan 
maranehna yen
> Urang Sunda mung aya di wewengkon priangan plus saeutik. Urang 
Cirebon jeung
> Banten, mun titinggalian manehna LAIN URANG SUNDA.
> 2. Sajarah ngenaan hurup sunda anu sering diposting kang Oman. Ieu 
debatable
> pisan. Tah Kang Ayang nunjukkeun bukti-bukti kasajarahan yen 
satemenna, ceuk
> kasarna mah, Sunda teh teu aya atawa mun aya oge anyar pisan....
> 3. ...duh hilap deui...
> 
> Kumaha Kang Rahmat, aya celah teu di Forum UI. Ulang tanggap ieu 
jelema!!!
> Baktos
> Tantan




   

---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke