> "irpan rispandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ceuk cenah, di jaman baheula, anu berhak mengenyam pendidikan teh . > ngan ukur kalangan menak. > tah lantaran kungsi ngarasaan sakola, tangtu pola pikirna > berkembang, teu heran lamun aya anu ngagedur sumangetna pikeun > ngabebaskeun "rahayatna".
Bener pisan Kang Irpan, keur jaman kolonial, nu bisa sarakola teh kaum menak (jeung oge nu beunghar). Ngan argumen yen kaum menak nu jadi pahlawan teh kulantaran sarakola, teu pas pisan. Sabab aya oge nu ngabandingkeun jeung kaayaan ayeuna. Ayeuna pan nu sarakola geus loba, nu sakola luhur ge teu pirang2, tapi geuning korupsi beuki mahabu. Malah nu sarakola laluhur nu korupsina panggedena ....hehehe Ari ceuk kuring mah salian ti faktor sakola (sakola kurikulum kolonial sabenerna mah), oge memang aya etika/niley di kaum menak nu diwariskeun ti luluhurna yen maranehna teh kudu mimpin (jadi priyayi) jeung ngalindungi rak'yat anu rek dipimpinna. Jadi aya sikep "tanggung jawab" ka nasib rakyat nu geus kapelak dina diri kaum menak ieu. Faktor ieu oge sigana nu ngadorong kaum menak terpelajar jadi kokojo dina nararas kamerdekaan. Menak oge boga tanggung jawab kana aran nu dibabawana, lamun maranehna boga kalakuan goreng, lain aran manehna wae goreng, tapi oge bisa mamawa ka dulur jeung luluhur maranehna. Jadi ceuk kuring mah, sanajan feodalismeu aya sisi2 negatifna, tapi aya sisi2 positifna. Tah sisi2 positif kaum menak ieu, sigana kudu diguar ... terus lamun bisa dipelak di sakumna urang Sunda (rek turunan menak atawa cacah) supaya urang Sunda boga etika/niley positif saperti nu dipikaboga ku para pahlawan Sunda ieu. KASUNDAAN model kieu nu sabenerna paling penting keur nyanghareupan jaman kahareup .... Hahahaha ....ngacapruks deui..... Baktosna, WALUYA (lain turunan menak)

