Kumaha atuh narekahanana nya?, kumaha upami aki tams aya pamadengan kieu, aku
bae Msia teh bagian ti Sunda Besar, da puguh eta mah dina peta anu dikaluarkeun
ku PBB oge jelas kalebet gugusan eta? Cing kumaha reaksi manehna, ieu mah mung
heureuy, bongan ngaheurueyan, eh malah ngarebut ketang? Tapi ah teu langkung
anu dibendo we lah. Baktosna aki tams.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Leres pisan aki Tams, abdi
oge heran Malaysia kadieunakeun teh tingkah polehna rada tojaiah. Ngakuna
bangsa sarumpun, tapi sok uka-aku milik anu diaku sabage dulur.
Kaleresan ti KBRI Malaysia hadir oge kang Eka Suripto (urang Sunda ti Cirebon
upami henteu lepat mah).
Hadir oge dina acara anu dimaksad teh 2 urang Telkom nyaeta kang Randi Permana
(urang Bandung) sareng pa Isworo (duka urang mana kawitna, ti Jawa panginten,
tapi kantos nyarios nganggo basa Sunda).
Salamna,
Asep
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alaikum salam wr.wb,-
Alhamdulillah sim kuring sareng rerencangan anu sami-sami ti Indonesia oge
sami-sami urang Sunda, pamohalan diulem (dijemput), da puguh terang oge nembe
maos surelek ieu. Acara sarupaning kitu biasana gegeden KBRI sigahna diulem
ngaluuhan. Masia teh ari di Universiti anu aki tams terang mah paling teu
kenging malih diharamkeun anu kasebat 'Plagiat" kitu teh. Da eta we dina satiap
amaran ujian teh di kaca paling payun eusina larangan mahasiswa anu disebat
plagiat tadi, upami kapendak mhs ngalakukeun sarupaning kitu, atanapi 'nyontek'
, tiasa janten semester eta digantung, anu hartosna dibatalkeun.
Nanging rada aneh dina prak-prakan hirup kumbuh jeung tatangga sapertos
mintonkeun kasenian nagara sanes bari teu nyebatkeun yen eta seni teh anu
deungeun2, dilakukeun; asa kasebelan, tojaiah sareng anu tadi, teu mere conto
anu sae. Kedahna aya protes ti pihak Indonesia, dina hal ieu ti KBRI we heula
cing kumaha sikap Msia dina kalakuan anu teu patut eta.
Memang kuring nguping, Angklung urang oge tos dipatenkeun ku si Msia teh,
sigahna bae anu sanesna oge engke kahareup sigah kitu bae. Kuring sacara
pribadi ningal kasenian sorangan dipintonkeun diforum dunia, nya sukur
alhamdulillah, tapi kudu jelas disebatkeun sumberna. Muga2 wae nagara sejen
ngamaklum, yen eta seni teh memang seni sanes ti Msia, margi urang oge sering
konser ka mancanagara.
Atuh kadituna langkung sae sagala milik urang teh dipatenkeun, supados teu
kajantenan sapertos nasib tempe dipatenkeun ku Jepang, atuh Angklung
dipatenkeun ku Msia.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum wr. wb.,
Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku International
Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007 pas pribados sareng
delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala Lumpur ngahadiran acara
pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat informasi sadunya nu digagas ku
ITU.
Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI) Malaysia. Aya anu
pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi kacapi suling dijantenkeun
latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria Atmadja nu jenten pupuhu delegasi
waktos harita oge sedih sareng keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu.
Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi kirang
resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna anjeunna
cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda kalayan anu
ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo. Saur anjeunna,
Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik Indonesia. Eta anu jenten
sabab-musabab anjeunna tambih keuheul. Waktos bu A. S. naroskeun ka panata
calagra naha Malaysia mintonkeun seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta
teh mangrupi seni kontemporer di Malaysia.
Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka
mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun ka dunya internasional sabari
henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
Wassalam,
Asep
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
---------------------------------
Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast
with theYahoo! Search weather shortcut.
---------------------------------
Got a little couch potato?
Check out fun summer activities for kids.
---------------------------------
Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.